Thursday, 26 December 2019

Hikayat Ki Ahmad, Kopéah Beureum-Ust. Balap (Bagian 3)

KI Ahmad Ratna Mintarsih Kopeah Beureum Ustad Balap

Warning, mengandung kata-kata kasar, sesuai dengan karakter tokoh. Bahasa Sunda tediri dari beberapa tingkatan bahasa, halus (digunakan saat berbicara dengan orang yang lebih tua atau dihormati), loma (digunakan saat bersama teman), kasar (dianjurkan untuk tidak digunakan, karena biasanya mengandung umpatan, digunakan saat marah, meledek, dan merendahkan lawan bicara). Dimohon bijak. 

Karman ngawal terus, nangkeup tuur wé di tonggoh. Ki Ahmad téh teu katinggali, aya sorana wé keur ngahariring. Pokna téh kieu, “Danauti waqod khilnaa ki kalbadri ajmalaa, fadholla fuadi fii hawaaki mudhdholillah.”

Pisundaeunna téh kieu, “Duh Enéng gening teu nyana, geulis lir bulan purnama, jadi buah ati  ana mideudeuh kabina-bina, mun teu émut kana qodar, tinangtos ana téh sasar, aduh Enéng masing ka sobar émutkeun nasib jeung qodar.”

“Mamang palih mana, Emang?” Didéngékeun palih kulon, na aya sorana palih wétan. Éta nu geulis téh séok ka ditu, gerebeg ka dieu.

“Mang, palih mana? Pa Karman bantuan atuh Mang.”

“Sabodo, sabodo.” Nangkiring wé si Karman mah di tonggoh.

Éta nu geulis hiriwik ka palih wétan, ditéangkeun ka belah wétan, éta sora ti belah kulon.

Danauti waqod khilnaa ki kalbadri ajmalaa, fadholla fuadi fii hawaaki mudhdholillah. Duh Enéng gening teu nyana, geulis lir bulan purnama, jadi buah ati ana mideudeuh kabina-bina.”

“Emang, palih mana, Mang?”

“... Mun teu émut kana qodar, tinangtos ana téh sasar, aduh Enéng masing ka sobar émutkeun nasib jeung qodar.”

Teras nu ahirna ieu bingung Ratna Mintarsih, sebab ieu Ki Ahmad téh dipilari ka palih kulon suanten ti belah wétan.

Émutan Ratna Mintarsih, “Deudeuh teuing cigana Mang Ahmad téh bogoh ka Enéng. Dina sindirna mah Enang Enéng waé. Ngan cigana téh ngarasa tenggang meureun, da pédah Enéng jalmi gaduh, jalmi beunghar, padahal mah Mang air Enéng mah moal mandang kakayaan. Malah Mamang, Enéng mah hoyong kagungan carogé nu sakira-kira nyalametkeun dunya ahérat, Mang.” Éta nu geulis téh basana kitu.

Teras ku nu geulis ditémbalan deui ku hariring  anu raos. Sebab nu geulis ogé ahli di pasantrén. “Artolibad dunya waintola ummuhu wa nala mina dunya suroron wa an ama. Kabanin bana bun-yang nahu fa aqomahu, falamas tawa maqod banahu taha dama.”

“Emang ari dunya mah seperti impian, heueuh wé ari keur raos saré téh ngimpén téh asa enya. Kagungan treuk sapuluh asa enya, kagungan mobil kol aya enya, teu nyaho ngimpi. Pan ari pas gurinyal mah hudang jam genep. Gusti teu aya pelek hiji-hiji acan. Tah manusia gé kitu, ulah pédah pinuh ku harta kakayaan, boga rasa ngora kénéh, ceuk rarasaan moal maot. Meni geus poho kana ibadah. Ieu aing teu deungeun, keun wé antep. Éta jelema anu kitu persis teu aya bédana jeung ngimpi. Rarasaanna moal maot meureun, harta kakayaan dizakatan ogé nyaah, ngaluarkeun jariah nyaah, sagala nyaah. Na geus maot téh Gusti, teu saranggeuy-ranggeuy acan. Artolibad dunya waintola ummuhu wa nala mina dunya suroron wa an ama. Kabanin bana bun-yang nahu fa aqomahu, falamas tawa maqod banahu taha dama.”

Nembé nguping kitu téh Ki Ahmad pucunghul wé ti dungus cau. Meni asa kubungah, bungah anu amarwasuta.

Danauti waqod khilnaa ki kalbadri ajmalaa, fadholla fuadi fii hawaaki mudhdholillah. Duh Enéng gening teu nyana, geulis lir bulan purnama, jadi buah ati ana mideudeuh kabina-bina. Mun teu émut kana qodar, tinangtos ana téh sasar, aduh Enéng masing ka sobar émutkeun nasib jeung qodar ” ditémbalan deui ku Ki Ahmad.

“Ya Allah, ning si Emang téh éta Emang.”

Si Karman mah nangkeup tuur wé ditonggoh, “Gening ngeunaheun si Ahmad ngawihna mah.”
***
Génjlong émutanna ieu Ratna Mintarsih, mamanahanna nyangkin mantep. Jadi ibu ramana téh meni tos teu tiasa nolak kanu geulis keukueh baé nganteuran ka sawah. Si Karman meni geus begang awakna. Ibu haji sareng bapa haji teu weléh musawarah beurang peuting.

“Kumaha pikudueunna? Kumaha picaraeunana? ieu Ratna Mintarsih teu tiasa diwagel. Deudeuh teuing, nya kumaha piakaleunnana? Kumaha nyaré’atanna? Ku lantaran akang gé bingung ieu anak teu tiasa diwagel.” Ceuk Pa Haji Hasan.

Majar meneng meneng, laraya ti nira, ngatiningra. Satria tanang betara. (Nongnenang)

Dibulak dibalik musawarah ieu kumaha geus aya ambek, geus aya rendah. Diémuatan deui na kumaha waris ti Allah.

Anu ahirna jadi kaputusan ieu musawarah ibu sareng bapa haji. “Jadi ieu barudak téh kajeun teuing kawin isuk pegat soré, urang tikahkeun. Sebab Ratna Mintarsih lamun diwagel bisi kumaonam. Da urang téh kagungan putra hiji-hijina.” Saur Bu Haji.

Saur Pa Hasan, “Sumuhun Enéng. Ayeuna mah kieu wé urang ngadamel serat wé. Mangkaning ieu nu sok nyeratan waé ka Ratna Mintarsih ti Kantor Urusan Agama, Enéng. Ieu téh anu bogoheun pisan. Masing bapa gé cocok, kahiji budak ngora, beunghar geus jadi haji. Ari budakna teu kersaeun kumaha atuh? Ari ayeuna nu baris ngawinkeun téh naib ti Kantor Urusan Agama. Ayeuna mah penting suratan wé kudu datang kadieu.”

Dina amplop surat penting jeung duit lima ratus.

“Karman, kadieu!”

“Aya naon, Pa?”

“Ieu kumaha cara Ratna Mintarsih jeung si Ahmad yeuh?”

“Iyeuh... Carana mah paéhan wé si Ahmadna.” Ceuk Karman

“Ih... salah. Bahaya Man. Ayeuna mah kieu, kajeun teuing kawin isuk, pegat soré, urang kawinkeun.”

“Sumuhun lamun kawin isuk pegat soé. Kumaha lamun nepi ka engké?”

“Ih, kumaha jodo éta mah. Ieu surat bawa Man ka Kantor Urusan Agama! Mangkaning éta yeuh nu hayangeun ka si Enéng téh. Keun wé kumaha akal aing éngké. Cig gera bawa surat yeuh.”

Pa Karman leumpang mamawa surat. Sapanjang jalan éta haténa mah jéngkél baé.
“Jadi déwék anu capé, déwék anu satengah modar. Deuh digebuk ku aing gera ieu si Beureum yeuh.” 
Di jalan ogé budak keur maén kaléci dileyek terus. Sabab Karman geus paéh nék hirupna. Kesel.

Datang ka Kantor Urusan Agama. “Assalamu’alaikum.”

“Wa’alaikumsalam.” Kapala Kantor Urusan Agama ninggali Karman téh wawuheun. “Ieu téh saolah-olah tadah paréntah nu geulis. Wah, jadi yeuh kawin. Sabab aing sabaraha kali nyuratan, cunduk cigana kana waktu ninggang kana mangsa.” Pikirna.

“Aya naon Emang?” Pokna nanya ka si Karman.

“Alhamdulillah. Jodo sarua jeung pati.” Pikiran Kapala Kantor Urusan Agama ieu téh jelas masalah urusanna jeung nu geulis.

Barang dibaca suratna, tulisanna teu panjang lebar. “Anjeun penting ka Mama Haji, dinten ieu, jam ieu, menit ieu. Kalayan hatur lumayan Mama Haji ieu artos lima ratus rupiah (jaman normal).”

Ceuk Kapala Kantor Urusan Agama, “Waduh dasar ieu pimitohaeun beunghar, ieu rupana keur meuli kameja yeuh.”

“Mang, pokona sayagi kuring gé anggéan sagala mah. Hayu Mang ah, urang siap gera berangkat yeuh.” Ka Karman.

“Keun, ieu jelema gélo hiji tah. Keun wé sena antep. Marukanna manéhna meureun nu rék dikawinkeun.” Na haté Karman.

Éta Pa Naib téh dangdos nganggo sorban. Anggéannana nu pangsaéna éta dianggé. Barang leumpang sapanjang jalan éta rahayat pada naros ka bapa naib. “Pa, badé angkat kamana?”

Pa Naib meni geus poho, “Jang jodo sarua jeung pati.”

Jodo wé jeung jodo.

“Wah édan yeuh hiji.” Ceuk Karman.

Barang dongkap ieu Pa Naib ka Pa Haji, “Assalmu’alaikum.”

“Nuhun Néng, katampi ku Mama Haji.”

Pa Karman terus ka lebet. Ieu pangantén awéwé meni geus anéprok di kamar. Ari pamegetna kopéah beureum nyaéta Ki Ahmad.

“Aduh... ” Ceuk Pa Karman, “Teu téga budak ratu kini-kini rék kawin. Mmmh Gusti, ieu rupana mah papatong nu rék kawin meni beureum huluna.”

Pa Naib ngobrol jeung Pa Haji.

Ceuk Bu Haji, “Karman kadieu!”

“Aya naon, Bu?” Karman nyampeurkeun.

“Kajeun teuing betus na indung suku, omat Sia kadé ulah betus na sungut. Aing téh éra ngawinkeun kanu kieu téh.”

“Moal Bu.” Jawab Karman.

***

“Kieu, numawi nu diangkir ku Mama téh kieu, Mama téh aya peryogi. Penting. Aya hiji masalah.” Ceuk Haji Hasan ka Pa Naib.

“Masalah naon, Ma?”

“Kieu rumasa Mama Haji mah jalmi bodo. Jauh tina pangarti, aya hiji masalah. Ari jodo sarua jeung pati, henteu? Tah ieu masalahna.”

Ceuk Pa Naib, “Sapendapat abdi, sapengetahuan abdi, jodo mah sarua jeung pati, sebab rahasia Allah, kitu.”

“Oh, jadi bener jodo téh sarua jeung pati. Teu bisa diganggu gugat. Lain meunang sabisa-bisa manusia tapi ngan ukur nyaré’at urang mah, tapi nu nangtukeun ieu Allah.”

“Oh sumuhun kitu. Jadi jelas jodo mah sarua jeung pati. Tah ayeuna kieu Kasep, ari nu hoyong ka putra mama téh, Ratna Mintarsih seueur. Malah anjeun tiap bulan gé nyuratan baé. Ku lantaran ceuk anjeun gé jodo téh sarua jeung pati, kumaha atuh ieu putra bapa téh jeung tukang kuli macul jodona?”

Éta Pa Naib meni hararéjo lain, bariru gé lain.

“Aduh kabelejog, sugan téh aing nu rék dikawinkeun.” Pa Naib meni prat prét prot, bingung taya hinggana.

Ceuk Karman, “Karasa jodo kapanggih tah.”

Kapaksa ditikahkeun.

“Nu mana awéwéna, Pa?”

“Ieu, Pa.”

“Nu mana pamegetna?”

“Ieu, nu hérang nu beureum yeuh.”

“Suka Enéng dikawin ku Mang Ahmad?”

“Suka.”

“Ku nu kopéahna beureum suka?”

“Suka.”

“Ku tukang kuli macul suka?” Terus éta meni nanyaan ngawinkeun nepi nanyakeun ka kopéah kopéah.

Anu ahirna nu geulis ngamuk. “Geus Pa Naib eureun. Kuring téh lain budak tumahireu, ngahadiran nikahkeun sababaraha puluh kali karak dibawa nepi ka kopéah-kopéah. Sakali suka kuring tetep suka. Tetep ieu pisalakieun abdi. Sanajan anjeun garinding gé, kumaha atuh da teu aya waris? Lamun pangurus Manéh kawinkeun, lamun lain pangurus geus indit.”

“Waduh jodo deui waé kapanggih yeuh.”

Nu ahirna kapaksa ditikahkeun. Bérés nikah, Pa Naib ngorolos, Karman ngorolos, Ibu Ramana mah ngorolos ka kamar.

Tempat tidur, lemari, naon rupa anu aya dina kamar Ratna Mintarsih diangkut kabéh. Kusabab teu satuju boga minatu goréng tur teu boga harta kakayaan. Dina kamar téh aya samak hiji jeung bantal hiji alias anggel. Teu pati diropéa nu geulis téh ku ibu ramana. Ngeclak baé cipanonna Ratna Mintarsih. Ki Ahmad gé kitu, asal peuting dikir baé kanu kawasa, boro-boro susukaan.

“Duh Gusti, deudeuh teuing. Dasar kolot istuning mandang kana harta kakayaan. Pédah-pédah aing aya waris jeung jalmi anu teu gaduh. Sakieu geuning karaosna.”

Artolibad dunya waintola ummuhu wa nala mina dunya suroron wa an ama. Kabanin bana bun-yang nahu fa aqomahu, falamas tawa maqod banahu taha dama.”

“Néng tos wengi gera bobo, Geulis.”

“Kusedih, Pa. Talingkeun ieu pitutur kasakabéh ma dulur-dulur pikir téh ulah takabur, élingkeun siksaan kubur.”

“Néng geura bobo.”

“Teu raos waé, Pa. Kusedih abdi téh rumaos meureun kuduna mah nurut baé ka kolot. Da kumaha atuda waris? Sabab urang bakal mati nyawa dipundut ku Gusti. Mana kudu ati-ati ibadah mah sing kumati. Karasana keur sakarat, kaduhung kaliwat-liwat, kana ibadah ngaliwat, embung ngalampahkeun solat. Kang, da manusa mah moal salanggengna, di ahérat nya Kang nya?”

“Sumuhun Neng.”

Kaduhung kaliwat langkung. Nyembah mah ka Yang Agung. Sakarat nyerina langkung, urang mah teu bisa embung.”

“Neng, bobo.”

“Teu raos, Pa.” Ieu gelisahna Ratna Mintarsih sapapait samamanis. Prihatin rumah tangga teu diropéa ku indung bapa. Anu ahirna kurang langkung dua sasih Ratna Mintarsih salilana ngajangjawing.

***

Kacaritakeun ieu sobatna Pa Haji Hasan, jelema beunghar di hiji daérah badé ngayakeun pésta, ngayakeun hajatan nyepitan putrana. Terpaksa ngundang-undang ke seluruh kahadéan manéhannana termasuk ka Pa Haji Hasan. Sajaba ti surat undang nu ilahar biasana, ditambih ku serat. Na seratna téh, “Kang Haji, dina tanggal sa anu, bulan anu, abdi téh badé nyepitan putra. Kirang langkung abdi hajat téh tilu dinten, tilu wengi. Ngan abdi téh teu manggil wayang, teu manggil topéng, teu manggil film. Abi téh ngangkir genep ulama anu diangkir.”

“Aduh bener yeuh Karman. Ieu dulur aing rék hajat yeuh.”

Pan biasana lamun beunghar jeung beungar lain dulur sapeujit gé sok jadi dulur. Sanajan lamun lain dulur sapeujit lamun susah, teu wawuh. Tapi sanajan deungeun lamun beunghar, lamun témbong ti jauh kénéh rék tatamu ribut mener-menerkeun korsi. Tah kitu sipatna manusia téh. Lamun nu susah mah, “Béjakeun aing euweuh.”

Nu ahirna ieu Ki Ahmad, nu keur susah payah jeung Ratna Mintarsih, Pa Haji Hasan keur gunem catur ieu réncangna jalma beunghar badé hajatan.

“Mang gancang ka pasar kebo. Meuli kebo tilu keur ondangan.”

“Mangga, Juragan.” Berangkat meuli kebo.

Barang berés, éta kebo arageung tilu-tiluna. Anu maksudna rék ondangan éta Bapa Haji. Teras musawarah, “Kumaha carana? Ieu waktu geus deukeut yeuh, wayahna ieu kebo ku manéh bawa! Norobos jalan leuweung. Lamun manéh berangkat janari jam tilu tengah peuting, datang kaditu pasti jam opat soré. Wayahna wé néangan nu ngiringkeun.”

Jawab Karman, “Hararésé jalmi ayeuna mah Pa, si Ahmad wé deuh nu aya.”

“Ari daékeun onam.”

“Teu daékeun gé urang séréd jalema kitu mah.”Ceuk Karman da pinuh ku séntimen téa.

Pokna Pa Haji, “Ngan kieu Man. Lamun si Ahmad daékeun, omat Sia nya, masing betus na indung suku, omat ulah betus na sungut. Adeuh aing éra boga minantu modél kieu.”

“Moal Pa deuh. Ku abdi badé disebutkeun budak kuli pangbangorna.”

***

Ratna Mintarsih nuju bobo satengah dua, ki Ahmad tetep wé keur netepan solat tahajud. Teu lami datang  bapa Karman ngagédoran jandéla.

“Neng, Neng, hudang yeuh. Tah si Beureum hudangkeun.”

“Duh Gusti. Mang ieu téh janari tengah peuting, na asa ku teu ngéndahkeun teuing. Aya naon ieu téh?”

“Ih titah ngagiringkeun kebo yeuh ku bapa yeuh. Tah si Ahmad gera hudangkeun! Ari boga salaki kitu mah Néng, ulah pati-pati teuing didekeutan.”

“É éh belegug teuing. Mang na meni ngahina-ngahina teuing. Rék naon kitu?”

“Titah panggiringkeun kebo.”

“Aduh Gusti, salaki kuring titah ngagiringkeun kebo. Karman, ulah kabina-bina, ieu aing teu deungeun Sia téh. Ké kapanggih akibat di ahir.”

“Eh buru-buru, jelema beureum kumaha akibatna?”

Ieu Ratna Mintarsih teu kinten teu raosna. Ceuk Ratna Mintarsih, “Aduh Gusti, kurang ajar.” Nahan ambek meni muntayang-muntayang kana tempat tidur. “Gusti, meni hianat amat.” Rék luncat kana jandéla, ditéwak ku Ki ahmad.

“Néng sing sobar, sing tawekal ka Allah.”

“Teu raos Kang, Gusti. Na tengah peuting.”

“Geulis, dawuhan Allah moal bisa nepi ka martabat luhung, hal tina kasucian tingkah laku, anging jalma anu sobar kabéh. Jeung moal nepi kana ka luhungan, moal bisa mulya manusia, lamun teu aya pitulung ti Allah subhanahu wata’ala. Geulis, sanaos dihina basa, da Allah Anu Langkung Uninga, sawios akang kersa ngagiringkeun kebo.”

“Duh Gusti, Kang. Teu téga abdi mah Ya Allah.”

Éta Ki Ahmad dangdos. Sinjang digémbolkeun, calana handapeun tuur, kopéah beureum dianggé baé éta ku Ki Ahmad. Nu geulis meni gogoléncéngan. “Deudeuh teuing, aduh Gusti, salaki dihina basa.

“Ahmad kadieu yeuh! Molor wé Siah. Éta kebo cekel yeuh! Gaplok Sia ku aing.”

Ki Ahmad nu nyekel tambang, si Karman nu ngagiringkeun. Pan ari tipeuting mah kebo sok jalalingeur, ieu ngahaja kebo téh dijeduran. Ahmad meni tokécang nyekel tambang kebo. Maksud si Karman supaya kaleyek kebo. Euweuh suku kebo, jedér suku ki Ahmad, kuat meulit.

“Mang, pan ieu mah suku abdi.”

“Oh sugan aing suku kebo, goblog.”

Sanjang jalan ieu ki Ahmad pinuh ku kasedihan, suku meni ngagaralempeng.

“Mangéran manéh ka saha? Nabi manéh kasaha? Mun bisa jawab bakal salamat, teu meunang bahla.” Di tengah leuweung aya soara nu ngidung. “Mun henteu bisa jawabna, tangtu gedé kateunggeulna. Si mayit kana huluna, ajur sakabéh jasadna. Ajur sakabéh jasadna.”

Ki Ahmad sedih nalangsa, alakadar di dunya dijujuran ku batur karena Allah wé lillahi ta’ala ku manah anu ihlas. Tapi lamun ngémutkeun ké di alam aherat, manusa nya ka saha méta tulung lamun teu bersih tina dosa. Manusia téh pasti meunang siksa ti Allah. Sabab surga jelas teu narima manusia nu kotor.

Leuleuweungan mamawa kebo atawa munding. Nété-nété balurungsit, mapay-mapay panca niti éta Ki Ahmad dina manahna ngéar baé maca solawat.

Barang sumping kanu kagungan hajat, jelas kurang leuwih jam satengah opat soré.

“Assalamu’alaikum.”

“Wa’alaikumsalam.” Éta jelema beunghar moro ka Pa Karman da parantos uningaeun.

“Man, mana dunungan Manéh?”

“Engkin cenah enjing-enjing, Pa. Dimana kaleresan aya Kyai. Sanes badé aya kyai, Gan?”

“Oh, bener... bener. Ieu keur naon kebo meni satilu-tilu?”

“Kanggé ieu Bapa, kanggo kaperluan didieu, saolah-olah ondangan.”

“Ma, da Manéh wayahna jadi palayan euy jeung batur Manéh tah. Manéh téh dibéré pagawéan sapesial bagéan nginuman, kopi, air téh, bagian konsumsi. Yeuh dina minum-minum, nu modél kumaha nu kudu dibéré susu. Nu modél kumaha nu kudu dibéré kopi. Layanan ku Manéh. Si Ahmad tukang naheuran caina tah.”

“Bener Mad, Siah, awas Sia ku aing.”

Éta gawéna Ahmad ngan nagog baé naheuran cai dinu rék hajat. Ari Pa Karman mah tukang ngomando, tukang ngilikan tatamu, nu kumaha nu pantes disuguhan cai. Jadi berati ieu Karman bagéan konsumsi. Tukang ngilikan jalmi, nu kumaha nu kudu dibéré téh cap botol, nu kumaha nu dibéré limun, nu kumaha nu dibéré kopi. Pa Karman ngatur minuman, katingalina nu seueur téh minuman téh cap botol. Jadi ahirna, ieu Ahmad dua dinten dua wengi teu mendak dahar. Barang dina waktu énjingna jalmi téh geus puluhan rébu. Sabab kin wengi téh baris dongkap ulama genep anu malalashur.

Énjingna kinten tabuh dalapan sumping Pa Haji Hasan sareng Ibu Haji, kalayan Ratna Mintarsih. Éta Ratna Mintarsih barang téh lungsur tina mobil sareng ibu ramana, ari  sapanjang jalan ibu ramana téh ngan nganaséhatan baé, “Néng enggeus carogé kitu mah ulah diropéa geulis.” Tapi teu weléh nu geulis mah manahna téh tekun baé ka salaki. Soleh manahna.

Barang lungsur nu geulis téh, ieu jalmi dugi kabéh panon téh ngahiji ninggali ka Ratna Mintarsih. Ninggali kageulisannana meni méncrang, gidig ringgit, léngkah pérak, kepatna meni sing karetit. Aduh Gusti jalmi téh sadayana meni géhgér, tukang céndol sampé ka bahé tanggungan céndolna. Nu ngadahar togé éta togé népi ka lebah kana irung. Nu keur ngaroko, népi ka ragrag éta rokona. Ku sabab naon? Ku geulis.

Ceuk Karman, “Waduh Mangkaning salakina ieu. Monyét yeuh. Aduh Gusti.”

Éta Ratna Mintarsih bungah nu taya hinggana. Na barang rét nénjo salaki, “Ya Allah... ” Pameunteuna cumang-cemong ku hampas kopi. Da éta si Karman heureuy, lamun aya hampas kopi téh dicérongkeun kana beungeut Ahmad. Ratna Mintarsih teu raos. Deudeuh teuing Ratna Mintarsih téh teu buka rahasia, sihoréng ninggali carogéna, Ki Ahmad, éta nu geulis népi ka kokojéngkéngan saban ningali carogé. Éta doktér ti mana ogé dipanggil disuntik sabara-bara kali. Najis, teu mempan. Ku sabab tekenan ieu Ratna Mintarsih téh banget émut kanu jadi carogé. Tekenan batin.

***

Jalmi puluhan rébu ku sabab badé ngahadiran genep ulama, para ménak parantos kumpul, nu beunghar parantos kumpul, ku sabab mapag ulama teu sambarangan jalmi. Jawara-jawara geus ngumpul pikeun ngajaga kaamanan hajat jelema beunghar. Barang kurang leuwih jam opat soré éta ulama kabéh parantos sumping. Ieu para ménak meni ngantai rék hormat ka ulama. Ribut ulama datang. Jol téh ulama nu genep, sadaya ménak berikut Bapa Haji Hasan, mertuana Ki Ahmad sujud kabéh ka ulama.

“Assalamu’alaikum.”

“Wa’alaikumsalam.” Cium tangan kabéh meni sakumaha langlayangan bortah.

Ceuk Pa Karman, “Mad tuh ténjo ulam-na! Tuh.” Tah si Karman nyébut ulama gé teu begug jadi ulam-na. “Tuh Ulam-na, tuh! Ulah cara Sia hirup téh goblog, ari hayang boga pamajikan geulis ari kabegug euweuh. Sia tuh ténjo ulam-na tuh!”

Éta Ki Ahmad ngarérét ka éta genep ulama. Barang ngarérét, Ya Allah Ki Ahmad bungah, anu amarwatasuta. Gunung Himalaya ageung, ageungan manah Ki Ahmad. Ieu ulama nu genep téh barang ditinggali ku Ki Ahmad murid manéhannana. Jadi pertama Ki Ahmad gaduh santri téh éta nu genep.

Ceuk Ki Ahmad, “Deudeuh teuing aduh barudak manéh nu bakal ngaji.” Na haténa Ki Ahmad pokna, “Aduh Gusti. Anjeun mah moal nyaho guru sangsara nyanghareupan hawu. Manéh anu dipanggil manawi téh saha.”

Karman mah keukeuh wé bari narok, “Tuh ulam-na tuh. Tangkurak Sia ulah ngalamun baé! Tuh ulam-na tuh.”

Nu geulis tetep, “Bu, teu raos bu.”

“Ku naon ieu panyakit pohara amat?”

Dur magrib jelema geus rapet. Dur isya, netepan isya, siap kabéh. Para panitia, jawara-jawara kumpul.

Ceuk protokol, “Dulur-dulur, di mana ieu ulama disilahkeun ulama nu kahiji, omat Anjeun ulah garandéng, awéwé nu mawa budak amun ceurik awas sing jauh. Teu meunang.”

Karman ka Ahmad, “Mad, teu meunang ngomong! Sajaba ti ngomong, batuk, bersin teu meunang.” Nyiun wé ka sulitan.

“Piraku ari batuk mah.”

“Ih teu meunang! Gebuk Sia ku aing. Lemen pisan euy.”

Jalmi ngabulu manuk. Der pangaosan Al-Qur’an. Barang bérés ngaos Al-Qur’an, disilahkeun ka ulama nu kahiji. Der ulama téh ngaos. Aya modél tengah-téngah maca hadits éta ulama, Ahmad ngagorowok, “Euy salah.”

Ngagarebeg jalma kabéh bingung,“Saha nu nyalah euy? Saha euy?”

Ceuk Pa Karman, “Goblog Sia téh maké nyalahkeun. Gableng naon Sia téh? Kurang ajar. Sakali deui digebugan ku aing.”

“Saha Mang?”

“Ieu budak budak goblog yeuh.”

“Awas Man, pingpin Man!”

Teras wé ulama mah ngaos teras. Bérés ulama nu kahiji, teras ulama nu kadua, kitu deui waé. Barang tengah-tengah maca hadits, “Salah... ” Aduh ribut deui waé.

“Ih, kurang ajar Siah. Sia téh naon kabegug Sia téh? Hayoh geus.” Ki Ahmad digarebugan, dicariwitan éta ku jalma pédah ngabolohok nyebut salah.

Ulama nu kadua disalahkeun, dugi kalebah nu katilu gé disalahkeun, nepi kalima. Ki Ahmad kopéahna diduruk sabeulah, tinggal sabeulah deui. Beungeutna éta Ki Ahmad sakuma birit sééng dicérong ku jalma. Dianggap pangaco. Barang dugi ka ulama terakhir. Bérés uluk salam, “Assalamu’alaikum.”

“Wa’alaikum salam.”

Ceuk ulama terahir, “Dulur-dulur, kaula moal bisa ngaji. Sebab didéngékeun ku kaula ti mulai ulama ngaji nu kahiji, ulama nu kahiji ngaos, aya nu nyalahkeun. Kaduana gé aya nu nyalahkeun, katiluna sampe kalima, ieu ulama aya nu nyalahkeun. Geus mama mah moal ngaji. Hayang kapanggih jeung nu nyalahkeun.

“Alah Ajengan, ieu mah jelema gélo, jelema gélo. Mangga wé teras ulah didéngé Gan!”

“Gélo hayang nyaho digélona, bener hayang nyaho dibenerna. Bawa kadieu.”

Ki Ahmad disérét tina poék, dibawa. Sedihna Ki Ahmad, sapanjang jalan ngaliwatan jalmi seueur, éta jalma kabéh narokan ka Ki Ahmad.

Ceuk Pa Karma, “Hayoh Dak sing sarareubeuh gebugan ieu jelema yeuh.”

Baju sararoék, kopéah tinggal satengah. Beungeut hideung, kumaha birit sééng. Eundeur sakabéh jalma, mata simeuteun, “Jelema gélo, jelema gélo.”

Barang dibawa kana tempat nu caang, na hareupeun ulama nu genep. Para kabéh ménak ngabaris. Géhgér jalema. Ratna Mintarsih beuki jojongkéngan. Pa Haji Hasan meni malik kana témbok, silana sok sieun ngaku mitoha.

“Mangga Pa, badé dipékprék gé.” Ceuk si Karman.

Ditaros ku protokol, “Saha ngaran Maneh?”

“Ahmad, Pa.”

“Ahmad. Jelema bener Manéh, atawa jalema gélo?”

Ceuk Ahmad, “Jalmi bener, Pa.”

“Salah. Pangg gélo-gélona jelema nyaéta Manéh. Wani Manéh nyalahkeun ka ulama, naon kabegug Manéh? Naon kabisa Manéh? Goblog, sétan, léak.” Dicarékan.

Ceuk Ki Ahmad, “Hampura wé. Ti luhur sauujung rambut, ti handap sausap dampal.”

“Moal dihampura.”

“Ampun wé, Pa.”

“Moal dibéré ampun. Goblog Manéh.”

Ieu Ki Ahmad méta dihampura teu dihampura, ménta ampun teu bisa ampun. Ki Ahmad téh émutan nana dugi ngarasa asa sumsum jadi balung. Sumerep kana kulit, sumarambah kana bayah. Langit asa melengkung. Méga mayang katon kasuhun ka lingga murda. Kalayan dicangredkeun kana ujung rambut. Parat kana ati sobari nu murni.

“Hey Para Panitia. Déngé ieu kula.” Ceuk Ki Ahmad.

“Balangsak ieu kula, dua poé téu manggih nyatu ieu kula. Anjeun bisi hayang nyaho. Kula kapalang tanggung dina ieu waktu. Anjeun hayang nyaho? Kula moal bisa nyalahkeun lamun teu bisa menerkeun. Kula moal asup kana kalangan penca lamun teu bisa menca. Nyaho? Kula moal wani ngawuduk lamun kula teu boga kalapa. Hey Barudak. Salah Manéh teu bener ngaji, Mama teu betah. Inget Manéh ka Mama?”

Ieu ulama nu genep barang nguping suanten nu janten guru ngajerit maratan langit ieu ulama nu genep. Nyusruk kabéh nyium indung suku Ki Ahmad.

“Ma, teu sangka Mama aya didieu.”

“Hey Barudak, sangsara aing mah didieu. Geus Manéh ulah ngaji, Mama nu baris ngaji.”Ka ulama nu genep.

Terus Ki Ahmad nyarios deui, “Dulur hayang ngaji nepi ka jam sabaraha Anjeun?” Deeeer Ki Ahmad ngaji. Éta jalma euweuh nu bisa ngomong.

“Manéh téh salah ceuk élmu nahwuna, ceuk mantékna, munadorohna.” Ka ulama nu genep deui.

Ratna Mintarsih jejeritan komo. Jelema ménak kabéh pada bengong. Sihoréng, ieu ulama nu genep ogé muridna. Ieu jelema daratang nu mangmawakeun jas, nu mangmawakeun pakéan, “Ieu samping Mama. Wayahna, gera salin Ma.”

“Tara salin kula mah.”

Der Ki Ahmad ngaos Qur’an, jelema muriding bulu kuduk kabéh. Éta Pa Haji Hasan meni luncat jeung pamajikanna. Aprak-aprakan ka unggal jelema, “Pan éta téh minantu abi. Minantu abi.”

Ki Ahmad der teras-terasan ngaos. Éta jalma mata simeuteun éta kabéh. Si Karman geus teu paéh, teu hirup, ngajoprak wéh di kebon cau. Ratna Mintarsih gugulingan nyeri boga salaki dihina. Ya Allah, horéng éta Ki Ahmad téh pohara.

Anu ahirna pidato éta Ratna Mintarsih, “Dulur... dulur... Ieu téh salaki kuring. Deudeuh teuing ieu nu boga hajat téh téga meni dititah naheuran cai. Meni pinuh ku hampas kopi.”

“Hampura Ibu. Hampura.” Kabéh jalma ménta dihampura.

“Kabéh euweuh nu eucreug ieu manusia di dieu. Boga rasa nimat, boga rasa harta kakayaan loba, teu ditasarufkeun kana jalan Allah. Ka manusia tetep ngahina basa.” Béak ku Ratna Mintarsih, cahcar bolang kabéh.

Pa Haji Hasan ongkoh wé ka unggal jelema, “Pan éta téh minantu abdi. Minantu abdi.” Tadi mah nepi ka nyahareup témbok sieun ngaku mitoha.

Tah isuk-isuk téh jelma géhgér, mobil sadayana mobil nék ngawal Ki Ahmad. Tetep wé Ki Ahmad teu daékeun.

“Kula biasa ngagiringkeun kebo. Hayu Mang, balik Mang.” Ngajakan deui wé ka Pa Karman.

Éta Karman sieuneun ku Ahmad, asa nénjo maung. Lamun ti heula miheulakeun manéh, paneuri maneurikeun manéh.

Bubar éta hajat. Nu boga hajat pinuh ku naséhat jalmi. Pa Hasan pada nyeukseukan. Ki Ahmad mulih ka bumina Ratna Mintarsih. Pa Haji Hasan  gé bingung, teu sangka ieu Ahmad pohara téh ngajina. Élmuna pohara.


***

Tah Ki Ahmad téh putus ngalalakon nepi kana tujuh bulan, badé mulih, “Neng, wayahna akang téh pasihkeun badé mulih heula.”

“Duh Kang hoyong ngiring.”

“Ulah waka. Moal lami paling akang sawengi di ditu.”

Dipasihan artos lima ratus ku Ratna Mintarsih, ku Pa Haji Hasan lima ratus jaman normal. Ki Ahmad mau duit sarébu mulih. Kopéah geus tinggal sabeulah. Nék balik ka pasantrén ka bumina, ibu ramana nu asal.


***

"Allahumma sholli ‘ala nuril anwar wa sirril asrar wa tiryaqil aghyar wa miftahi babil yasar ."

“Barudak sora guru manéh balik yeuh.”

Breng santri kabéh kumpul.

“Sayyidina wa maulana muhammadinil mukhtar wa alihil ath-har wa ash-habihil akhyar ‘adada ni’amillahi wa ifdhalih “

Datang ka pasantrén. Éta santri kabéh seuri, “Dak. Kyai béak sabeulah kopéahna.”

Ibu ramana gé gumujeng nénjo Ahamad, pakéan rejét, kopéah tinggal sabeulah. “Tuh Kasep. Mad, ceuk bapa gé naon? Ari néangan awéwé mah kudu ginding. Tujuh bulan Manéh ngalalakon kalah béak sabeulah kopéah.

“Sumuhun Bu.” Cenah éta ceuk Ahmad.

“Kumaha hasil?”

“Muhun insya Allah. Ngan abdi gaduh kahadéan jalema beunghar.” Kitu nyariosna téh.

“Malah abi gaduh artos sarébu, Pa. Coba panggil santri.”

“Keur naon?”

“Titah balanja pakéan nu pangsaéna, Pa. Abdi rék nyaba ka jelema beunghar.”

Artos dibalanjakeun kana sorban nu pangalusna sorban. Jubah nu pangalusna jubah. Igal nu pangalusna igal. Gamis nu pangalusna gamis. Jelema beunghar can kapésér, ku Ahmad dipésér.

Barang balik ti kota ieu santri nyandak anggéan nu kacida saéna. Teras dicobi ku Ki Ahmad. Allahhu Rabbi. Cahaya Ki Ahmad moncorong lir kadia ninggali areng ayeuna nénjo inten mutiara. Ibu ramana sorangan nepi kalebah teu kenal ninggali pameunteu nu jadi anak. Allah, santri kabeh géhgér. An
éh amat jadi ngawalih katinggalina téh. Malah rahayat kabéh nu aya di kampung éta kabéh pada géhgér guruna ki Ahmad ti Mekah turun. Padahal éta Ki Ahmad.

Ceuk Ki Ahmad, “Barudak, bada subuh urang nyaba ka jelema beunghar. Aya sabaraha santri?”

“Aya tilu ratus, Ma.”

“Saratus wé nu galedé. Sing ginding dangdanna.”

Santri nu kabawa bungah, anu teu bawa gé bungah. Naon sababna? Ngaji peré. Nu kabawa bungah, nu teu kabawa teu ngaji, peré.

Bada subuh téh darangdos kabéh. Ginding santri anu saratus ngiring Ki Ahmad. Gehgér sapanjang jalan jelma, “Aya guruna Ki Ahmad ti Madinah jeung ti Mekah turun.” Sihoréng éta Ki Ahmad. 

Sapanjang jalan eundeur-eundeuran ninggali santri saratus ngiring ulama. Éta gehgér sa kabéh jalma. Ari Pa Haji Hasana mah ngalamun baé. Ngarasa kabelejog boga minantu. “Ari anak aing mah geulis, ka nu beunghar, ka nu bisa ngaji gé, moal teu laku. Aduh kabelejog aing boga minatu ngaran si Ahmad.”

Barang berés nyarios kitu. Ari ngarérét ka palih wétan téh aya nu ngaleut ka dieukeun. Ceuk Pa Haji Hasan, “Saha nu rék maraén bola itu?”

Na ari barang diwaas nu sabenérna nyangkin caket. Ya Allah, lain jalmi nu badé maén bola, aya hiji ulama diiring ku santri anu saratus. Ceuk Pa Haji, “Aduh gagal aing ngawinkeun anak. Lamun kadieu yeuh, aing kacida satujuna. Tepi ka béak banda aing senang dunya ahérat. Salah, anak aing waka dikawinkeun ka si Ahmad. Ku santrina gé moal éléh ngajina. Aduh kaduhung. Boa-boa ieu ulama rék ngalamar. Teu nyahoeun anak aing geus dikawinkeun.”

Bener. “Assalamu’alaikum.”

Éta Pa Haji Hasan meni sujud. Teu wawuheun ka Ki Ahmad. Teu nyaho éta téh minantu. Éta santri kabéh caralik. Pa Haji Hasan gadona meni noroktok muriang teu kawayaan. Sujud ka Ki Ahmad, “Hapunten wé Ajengan. Aya peryogi naon?”

“Ah ameng wé. “Ceuk Ki Ahmad. Na ieu mitoha teu wawuheun.

Ieu santri bingung, “Masya Allah ieu kenalan kyai beunghar amat.” Sebab ieu Ki Ahmad teu nyarioskeun gaduh bojo, nyarioskeuna téh rék natamu ka jelema beunghar.

Pa Haji Hasan permios, “Permios Ajengan, abi badé ka lebet heula.”

“Mangga.”

Datang ka jero imah, kabeneran Ibu Haji keur ngadamelan kuéh.

 “Nyi Haji eureun!”

“Aya naon Kang Haji?”

“Bolor Sia.” Laju ngambek.

“Deudeuh teuing kolot-kolot ngabolor-bolor. Hésé diurusna Sia mah jeung anak Sia. Coba lamun éta sémah kawin jeung Ratna Mintarsih. Banda aing béak senang dunya ahérat. Ulah ka si Ahmad dikarawinkeun. Hésé diurusna anak sia mah sarua jeug Sia.”

“É... éh Pa Haji aya tamu. Maké ngawarah kanu jadi pamajikan. Maké nyebut-nyebut anak sia, anak sia, pan anak kabéhan éta téh.”

“Coba itu tatamu. Pakéanna urang gé can kabeuli. Santrina meni saratus. Mana Ratna Mintarsih? Hudangkeun! Pariksa tuh tatamu! Aing mah geus teu hayang kaluar. Keueung nénjo na gé.”

Digugahkeun Ratna Mintarsih, “Néng... ”

“Aya naon, Bu?”

“Bapa amuk-amukan aya tatamu.”

Ratna Mintarsih téh gugah. “Bapa aya naon?”

“Tuh, ténjo ku Sia samah tuh! Ari hirup mah kudu melék boga mata téh. Coba Sia kawin ka si Ahmad. Naon coba hakaneun nana? Ngaji ku sia ngeunah dilebok? Tah ulama tah, ténjo pakéannana gé, ténjo ku Sia! Senang banda aing béak dipaké marabab santri, goblog.”

“Na deudeuh teuing Bapa. Manusia nepi ka lebah ditu ku ayana pangaruh dunya téh, Pa. Ari tamu mah ku urang tampi wéh. Ieu téh aya naon?”

“Sing hadé Sia kagoda, nya? Da butut-butut gé boga salaki yeuh. Bisi kagoda tah ku sémah.”

“Moal Pa. Ari lain hakna mah da moal.”

Nu geulis téh dangdos, sinjang réréng nu pangmahalna éta dianggé, kudungan putih ngarumpai kana mumuncangan, sawedak sasipat, éta nu geulis meni ngagalempong. Uluk salam bari muka garéndél, “Assalamu’alaikum.”

“Wa’alaikumsalam.”

Jol nu geulis, ieu santri bengong kabéh. Ieu nu boga imah geulis amat. Éta meni santri ribut marenerkeun baju. Dianggapna santri, “Ieu putra nu boga imah keur milihan urang yeuh.”

“Waduh, dak salah yeuh nyaba jeung kyai. Lamun aing nyaho ti baréto. Boa sabaraha kali sapoé aing ulin kadieu yeuh.”

Éta nu geulis téh malang wé na panto. Ka jero henteu, kaluar henteu. Na éta Ratna Mintarsih da puguh ka salaki meureun tenget. Teras wé disampeurkeun Ki Ahmad téh. Diambung damisna ku nu geulis. Lajeng dikaél panangannana.

“Deueuh teuing Kang, néng hampura.” Bari dibawa éta ka kamar. Jetrék, ngoncikeun panto.

Éta santri bingungna, “Na éta Kyai daék dibawa ku awéwé?”

“Kyai hareum. Kyai hareum.” Rék nyebut haram éra da éta ka guru.

“Kyai hareum. Kyai hareum. Ieu ku naon Kyai daék dibawa ku awéwé?”

“Kyai hareum. Kyai hareum.” Éta santri nu saratus ribut.

Pa Haji Hasan neunggeulan pamajikanna di dapur. “Modar Sia ku aing. Uyah moal téés kaluhur. Kahadap. Ratna Mintarsih boga salaki na éta sémah dibawa ka kamar. Sia biangna. Meureun Sia gé lamun aing euweuh sok ngampihan lalaki. Gélo Sia.” Ceuk Haji Hasan.

“Aduh Bapa. Abdi mah teu ngajar kitu.”

“Tangkurak Sia bibitna.” Ibu haji diséréd-séréd ku Pa Haji Hasan.

Santri ngulilingan imah, “Hareum, hareum, hareum.” Bingung sebab Ki Ahmad teu buka rahasiah yén éta bojona.

Ahirna kalaluar deui. Ki Ahmad kaluar, nu geulis ka dapur.

“Enéng, tulung ibu. Gusti.”

“Biang kérok siah. Jahanam siah bagéannana Manéh, Ratna Mintarsih. Sarua meureun jeung indung sia. Lamun aing euweuh sok ngampihan lalaki. Sia téh boga salaki sia téh. Na éta jelema dibabawa ka kamar?”

“Néng ulah nyusahkeun ka ibu geulis. Ténjo ibu coba, digebugan ku bapa manéh.”

“Jahanam siah bagéannana, disiksa siah.”

“Pa punten. Bapa téh dosa hirup.  Ari enéng mah disiksa ku Allah, wallahu ‘alam. Can puguh Pa. Tapi bapa di dunya kénéh geus disiksa. Abdi mah sedih.”

“Disiksa naon aing?”

“Allah, Ibu hawatir ka bapa tepi kawani ngebugan ibu. Bapa gaduh panon sakitu saéna. Katinggalina mah saé, tapi ieu bapa teu nginggali. Ieu bapa geus dikutuk bapa ku Allah. Sebab panon bapa mah diténjokeun baé kana dunya. Geus disiksa bapa téh ku Allah. Bu hawatos ka bapa. Bu, abdi moal sambarangan nyandak ka éta lalaki, Pa. Éta téh Kang Ahmad, Bu. Bapa, geus teu ninggali tah panon?”

Éta curuk Ibu Haji nungtunna bleng malik ka mata Pa Haji Hasan. “Sia dirorék ku aing mata sia. Horéng lain aing nu salah. Mata sia anu ka lampat ku dunya.” Hantem diséréd terus ku Ni Haji.

Santri ribut, “Sia tuda nyebut heureum. Tangkurak Sia.”

“Da aing mah teu nyaho.”

Ku lantaran ngadéngé éta pamajikan ki Ahmad, santri ribut sili sedekkeun.

“Sia sih.”

“Tangkurak Sia.”

“Heueuh, teu nyaho ih lamun pamajikannana.”

“Ya Allah, dak. Kyai teu buka rahasia. Aduh aing nyebut heureum aya meureum dua puluh kali.”

“Barudak... Barudak... Barudak... Geus ulah garandéng. Mama nu salah teu nyaritakeun hasil ngalalakon tah ieu ibu anjeun téh.”

Pa Haji Hasan ceurik. Nyusruk di hareupeun Ki Ahmad jeung Ratna Mintarsih. “Geulis, kasep. Bapa ménta hampura dunya ahérat. Sanajan ka anak, bapa teukteuk beuheung, tikoro gorokeun. Jelas bapa téh nu kapangaruhan ku dunya. Élmu anjeun anu dimangpaatkeun ku Allah, ayeuna bapa kapalang nyebur kecap bapa, banda bapa kop bapa senang dunya ahérat dipaké maraban santri. Naon kapentingan agama. Lillahi ta’ala.

Nu ahirna kakayaan nana dipasrahkeun ka Ki Ahmad, ku Ki Ahmad ditasawufkeun kana jalan Allah, guna kapentingan masarakat muslimin muslimat, hususna ti masrik dugi ka magrib.


TAMAT

Bonus mp3 full:
Download mp3 Hikayat Ki Ahmad 1
Download mp3 Hikayat Ki Ahmad 2

P. S. Di blog terdiri dari tiga bagian, namun mp3nya hanya ada dua bagian (sudah full cerita). Bagian satu kurang lebih 2 jam, dan bagian dua kurang lebih satu jam. 

No comments:

Post a Comment

Apa yang mungkin kamu temukan di pohon asam jawa?

Seperti kita tahu terjadi interaksi antar makhluk hidup. Begitu pula tumbuhan dengan makhluk hidup sekitarnya. Tumbuhan bisa menjadi tempat ...