Hello, Assalamu'alaikum...
Guys, pada postingan kali ini, sedikit berbeda dengan postingan-postingan sebelumnya. Postingan ini adalah tentang hikayat Ki Ahmad dan Ratna Mintarsih. Dulu hikayat ini sering diputar di radio, dibawakan oleh Ust. Balap/Kyai Balap Cemplang atau Ust. Muhammad Arif Soleh dari Bogor. Salah satu ustad favorit, karena ceramahnya berupa dongeng berbahasa sunda dan dibawakan dengan hariring sunda.
Seting tempat dan kejadian di cerita ini tahun 70an. Jadi ada beberapa hal yang sangat berbeda dengan zaman sekarang misalnya dari nilai uang ada istilah uang satalen (Ind: setalen/25 sen). Juga ada beberapa kata yang mungkin tidak dimengerti karena banyak sekali pribahasa sunda dan sastra pewayangan yang dipakai. Jadi maaf bila banyak penulisan yang salah. Bagi simkuring sastra pewayangan terlalu tinggi. Hampura lur. Tapi secara keseluruhan kita dapat mengerti ceritanya dan insya Allah maksud ceritanya tersampaikan.
Barakallah fik Ust. Muhammad Arif Soleh.
Simkuring mencoba menuangkan cerita sepersis mungkin dengan apa yang disampaikan oleh Kyai Balap (Bahkan kata-perkatanya pun hampir sama). Biar dapat vibesnya Ustad Balapnya. *Sebenarnarnya tulisan ini ditulis dengan menggunakan metode dikte. Jadi benar-benar dengar ceramahnya per beberapa kata dan langsung tulis.
Ini dia hikayat lengkapnya (dalam Bahasa Sunda).
Aya hiji jalmi éta jalmi jauh pisan tina agama. Poék bulan tanggal 30na, ari pengakuan tetep beragama islam. Tapi kana paraturan-paraturan agama islam nolak, sama sekali. Ulah ciganing nyaho kana praktékna solat, nicak ogé ka masigit gé tara. Éta jalmi téh buas. Ceuk orang Bogor téa mah, tunggul diparud catang dirupak, tukang bobok tukang tarok, ngan henteu tukang ngabobokan androk mah. Gawéna, istuning hobina kana maén. Saolah-olah judi anu dilarang ku Allah. Sajaba ti éta, hobina éta jalma téh, tukang ngadukeun hayam, tukang paséa, sebab manéhna ngarasa ngabogaan pinuh ku élmu-élmu kalahiran. Bangsa ajian weduk paru, Cigondewah, Cikengkengan, séra, Cimane, tanjakan brajamusti, tajimalela, betarakarang, élmu banyu pancasona, betarasangsang, sapu angin, ngan henteu sapu injuk, sapu paré, bogaeun manéhannana. Ari kagungan putra mung hiji-hijina, jenengan Ahmad. Ari Ahmad umurna kurang leuwih sapuluh tahun.
Kumaha kajadiannana ieu jalma nu wani ngareumpak larangan Allah, anu beurang peuting gawéna ngadu hanyam? Ahirna harta kakayaanna séép. Ahirna manéhana balangsak, dahar soré, henteu isuk. Rumah tanggana ogé nu kalintang répotna, di mana lamun hujan pinuh ku cai, karagragan cai hujan, alias bocor ngaranna. Kumaha saeunggeusna susah éta jalama? tetep teu gancang kembali kana paraturan Allah. Tetep ngabuntangur, numawi tetep susahna éta si jalma. Namung, hawatir ka putrana, nu jenganna Ahmad. Maké baju gé tara, ngan ukur maké calana, ogé aya calana sakilo satengah beuratna, pinuh ku tambal. Ari gawéna ngan nangis baé. Basana Ahmad téh hoyong dahar.
"Beuteung lapar, abi hoyong, hoyong dahar"
"Nginum wé Ujang sing seubeuh, kumaha da teu aya olahkeuneun. Bapa maneh sajaba ti ngomé hayam gawéna."Jawab Ibuna.
Ahmad ngan ukur kaluar cai mata. Ti peuting teu pati bisa saré, ngararasakeun kosongna ieu si beuteung. Anu ahirna ieu Ahmad téh, ku ayana patuanganna lapar, nya kapaksa mapay-mapay jalan. Manéhanana nuturkeun indung suku. Barang dugi ka hiji pasar ahmad téh mendak artos. Ageungna satalen keur jaman normal. Nya éta Ahmad téh bungah, bungah anu amarwatasuta. Manéhanana manggih duit ageungna satalen. Satalen teh baheula mah ageung. Nu ahirna éta Ahmad leumpang ka toko alias ka warung. Pérsérkeun kana béas, kana lauk, kana uyah, reskanna pésérkeun kana useup jeung kenur mun cara ayeuna mah dua tilu meter. Maksudna Ahmad numawi mésér alat-alat useup alias mancing rék hayang usaha maraban indung bapa. Tujuan Ahmad rék usaha mancing sugan kapanggih saléter-létereun. Gancangna ieu Ki Ahmad téh mulih ka bumina. Barang datang ka imahna éta téh Ki Ahmad dipasrahkankeun ka Ibuna.
"Ibu abi téh mendak artos satalen, ngan dibeulikeun kana béas" basa Ki Ahmad.
Nubruk Ibuna. " Jang deudeuh teuing. Ibu gé geus teu kuat, ieu téh beuteung geus kacida laparna. Ti mana manéh téh meunang béas jang?"
Nubruk Ibuna. " Jang deudeuh teuing. Ibu gé geus teu kuat, ieu téh beuteung geus kacida laparna. Ti mana manéh téh meunang béas jang?"
"Medak artos bu. Tah ieu téh béasna, tah ieu laukna." Ceuk Ahmad.
Bapana keur ngomé hayam, tuluy dilésotkeun. Sabab ngadéngé Ahmad mamawa béas. "Penting manéh geura sangu, aing ogé lapar"
Dijawab ku pamajikannana, "Teu bisa nyangu atuh kang ari teu aya suluhna mah. Lalaki kuduna nu ngala suluh téh".
Pokna dijawab ku jalema kedul, tukang ngadu hayam, "Aing sangeuk ari kudu ngala suluh mah. Ah lapar mah lapar wéh."
Malesna bapa Ahmad téh kitu. Nu ahirna ku males-malesna bisa ogé ngala suluh éta bapana. Tapi éta bilik imahna belah wétan dihantem. Ku ngedul-ngedulna éta jalma. Nya ahirna disangu. Sanggeus sangu asak, na Ahmad mah ampir teu kabagean. Ngan ku indungna jeung ku bapana.
Ari Ahmad gawéna ngan ukur ngarautan awi wéh sapeupeuting. Nyieun jeujeur. Barang bérés nyieun jeujeur, eta ki Ahmad terus diterap-terapkeun éta si useup. Barang bérés nerapkeun useup, kurang leuwih tabuh opat. Énjing-énjing jam opat, ampir waktu subuh ngahudangkeun ka Ibuna.
"Bu, kuring rek nguseup. Do'akeun wé ku Ibu, sugan kapanggih saléter dua léter, Bu."
"Euh, Jang." Jawab Ibu bari tunduh kénéh. "Deudeuh teuing manéh téh leutik-leutik kakarayapan ti peuting. Inget ka Indung. Tapi, silang kitu gé teu naon-naon, dido'akeun ku Ibu."
Ahmad prihatin, téras manéhna mamawa useup. Turun gunung unggah gunung. Neté-neté balurungsit, mapay-mapay pancaniti. Ahirna ieu Ahmad téh mendak hiji walungan atawa wahangan atawa kali. Nya Ahmad téh ngusup wéh, nangkring didinya. Barang dugi ka jam opat soré, Ahmad téh meunang loba éta lauk téh. Kénging seueur. Teras Ahmad teh mulih. Barang nepi ka hiji lembur. Ku Ahmad éta si lauk, ditukeurkeun kana béas. Alhamdulillah dua tilu batok mah hasil. Teras mulih Ahmad, dibawa ka indung bapana.
"Bu masrahkeun tah ieu béas. Hasil nguseup atawa mancing téh kuring meunang lauk. Dilironkeun kana ieu béas."
"Duh Mad. Ulah eureun-eureun manéh nguseup téh. Meureun ibu téh mendak dahar unggal poé.
Ceuk bapana, "Bener. Ngeunaheun ieu Mad. Ngeunaheun yeuh. Indung Sia lintuh deui, atuh aing séhat yeuh. Geus manéh ulah eureun-eureun nguseup. Ulah mikiran naon-naon."
Ari Ahmad gawéna ngan ukur ngarautan awi wéh sapeupeuting. Nyieun jeujeur. Barang bérés nyieun jeujeur, eta ki Ahmad terus diterap-terapkeun éta si useup. Barang bérés nerapkeun useup, kurang leuwih tabuh opat. Énjing-énjing jam opat, ampir waktu subuh ngahudangkeun ka Ibuna.
"Bu, kuring rek nguseup. Do'akeun wé ku Ibu, sugan kapanggih saléter dua léter, Bu."
"Euh, Jang." Jawab Ibu bari tunduh kénéh. "Deudeuh teuing manéh téh leutik-leutik kakarayapan ti peuting. Inget ka Indung. Tapi, silang kitu gé teu naon-naon, dido'akeun ku Ibu."
Ahmad prihatin, téras manéhna mamawa useup. Turun gunung unggah gunung. Neté-neté balurungsit, mapay-mapay pancaniti. Ahirna ieu Ahmad téh mendak hiji walungan atawa wahangan atawa kali. Nya Ahmad téh ngusup wéh, nangkring didinya. Barang dugi ka jam opat soré, Ahmad téh meunang loba éta lauk téh. Kénging seueur. Teras Ahmad teh mulih. Barang nepi ka hiji lembur. Ku Ahmad éta si lauk, ditukeurkeun kana béas. Alhamdulillah dua tilu batok mah hasil. Teras mulih Ahmad, dibawa ka indung bapana.
"Bu masrahkeun tah ieu béas. Hasil nguseup atawa mancing téh kuring meunang lauk. Dilironkeun kana ieu béas."
"Duh Mad. Ulah eureun-eureun manéh nguseup téh. Meureun ibu téh mendak dahar unggal poé.
Ceuk bapana, "Bener. Ngeunaheun ieu Mad. Ngeunaheun yeuh. Indung Sia lintuh deui, atuh aing séhat yeuh. Geus manéh ulah eureun-eureun nguseup. Ulah mikiran naon-naon."
Atuh bapana jadi beuki ngedul baé.
Éta Ahmad téh euweuh deui gawé ngan ukur nguseup baé manéhanna unggal poé. Jadi didikan mah sama sekali éta Ahmad kosong pisan. Sumawonna didikan agama, sumawonna pengetahuan umum. Jadi Ahmad téh ngan ukur ngabogaan didikan iwal ti mancing atawa nguseup.
Tah Ahmad lami jeung lami gawéna nguseup. Jalan ogé meni geus ledug ku sorangan. Kurang leuwih dua taun Ahmad gawéna nguseup. Cunduk kana waktu, ninggang kana mangsa, kapendak jeung hiji santri di perjalanan.
Ceuk santri, "Assalamu'alaikum."
Ahmad teu bisa némbalan uluksalam, sabab kosong tina didikan.
"Jang saha ngaran manéh?" Ceuk santri.
"Ngaran abi Ahmad, Bapa."
"Oh Ahmad. Timana manéh kawit, dayeuh maneuh tempat ngancik panyicingan?
"Ti palih kulon, Pa."
"Deudeuh teuing, asa ku banjar karang panglayayungan. Oh, jadi ngaran manéh téh Ahmad."
"Sumuhun."
"Kieu jang, bapa téh rék nanya ka manéh. Naha manéh teu aya deui pagawéan sajaba ti nguseup?"
"Teu aya, Pa. Sebab lamun abi teu nguseup sapoé, indung bapa abi bisa teu dahar sapoé."
"Oh kitu. Tukang naon bapa manéh?"
"Sok ngadukeun hayam, Pa."
"Euh Gusti. Kieu Mad, supaya manéh jadi manusia anu berharga, mamang rék ngajak ka Manéh. Sebab islam jeung islam téh dulur. Kullu muslimin ikhwatun. Umat islam di mana waé ayana éta saudara, dulur. Geus mamang téh boga rasa kawajiban di antara dulur jeung dulur, rék ngajak kana kahadéan mamang Jang. Urang masantrén yu. Supaya manéh téh jadi manusia nu berharga. Urang ngaji."
Ahmad poék. Teu nyaho kana bahasa, kécap ngaji. "Naon mang ari ngaji téh ngeunah?" Diangapna kadaharan ku Ahmad téh.
"Ya Allah, Ya Rabbi. Jang, ngaji néangan élmu, maksudna ngaleungitkeun kabodoan, néangan kapinteran."
"Oh kitu Mang. Atuh uing mah teu boga bekel." Ceuk Ahmad.
"Yeuh kieu wé Jang. Urusan bekel mah mamang tanggung jawab. Asal manéh daék ngaji. Cig geura bébéja ka indung bapa manéh. Béjakeun kuring hayang masantrén. Hayang bisa ngaji. Cig."
"Muhun, Mang. Jadi kula kadieu deui lamun diijinan ku indung bapa?"
"Heueuh kadieu deui Jang."
Jadi Ahmad téh papisah jeung santri. Lajeng mulih manéhanana éta Ki Ahmad. Barang datang ka imahna, nyanggakeun deui éta tilas ladang lauk. Terus disangu, dipasak, diolahkaeun. Barang bérés dalalahar, Ahmad jeung ibu bapana. Pokna Ahmad nyarios.
"Bu, Bapa, kuring rék wakca balaka, rék blak-blakan. Kuring rék eureun nguseup téh."
"Naon sababna?"
"Sabab kuring téh hayang boga pangalaman. Hayang néangan élmu. Hayang bisa ngaji, Bapa."
"Mad, Sia ulah meunang dililieur ku batur. Ieu geus ngeunaheun yeuh. Tuh indung sia lintuh. Aing gé lintuh. Geus, ngaji mah moal ngeunah dilébok. Moal. Ieu mah geus puguh. Aing kapanggih dahareun unggal poé. Ulah sok meunang dililieur ku batur. Élmu di Aing ngabrekbrek."
"Lain kitu Bapa. Keukeuh kuring mah hayang pasantrén." Ceuk Ahmad.
"Heueuh, pan masantrén ogé, Sia mah teu boga bekelna Ahmad." Jawab bapana.
"Ari sondor bekel mah teu kudu mawa. Dijamin uing ku santri-santri, asal daék ngaji."
"Waduh, pusing aing atuh. Sia bisa dahar di pasantrén. Ari aing jeung indung Sia?" Ceuk bapana.
"Itu terserah Bapa." Ceuk Ahmad.
"Waduh kieu wé atuh Mad lah. Ari rék maksa mah manéh, keukeuh, teu naon-naon. Ngan ulah manéh dahar, aing henteu. Wayahna wé Sia lamun masak diditu, kerakna mah kirimkeun wéh nya"
"Heueuh deuh." Ceuk Ahmad.
Jadi Ahmad téh, rék leumpang masantrén téh teu mawa naon-naon. Teu mawa béas, teu mawa duit. Maké calana oge aya sugan sakilo satengah mah beuratna.
"Pa, do'akeun, Ma."
"Heueuh cig."
Ahmad ngoloyor. Lugay mundur. Layang rana dening laga. Éta Ahmad téh leumpang baé ka pasantrén manéhanana. Barang datang ka pasantrén, tepi ka pasantrén éta Ahmad teu uluk salam-salam acan, da teu nyahoeun kana uluk salam. Jol wé.
Jol santri. "Eh bener geuning si Ahmad yeuh."
"Sumuhun Mang, Kumah ieu, dibikeun ku indung bapa manéh?"
"Dipasihkeun Mang"
"Heueuh sukur. Tah ieu bapa béas, bapa nyérénkeun yeuh. Tah laukna, tah uyahna. Mamang mah rék ngaji ayeuna mah nya. Ké dimana mamang balik ngaji, sangu kudu geus asak nya?"
"Sumuhun Mang." Jadi Ahmad gawéna tukang masak unggal poé. Éta Ahmad masak waé, éta gawéna. Ari ngaji mah tara, solat tara. Gawéna ngan masak baé. Lami jeung lami barang dua bulan Ahmad lilana dipariksa ku santri.
"Ahmad"
"Kulan Mang?"
"Geus nepi kana naon manéh ngaji?"
"Teu acan ngaji."
"I ih. Keur naon aing maraban Sia téh Mad. Ari teu daék ngaji mah mending balik manéh téh."
"Deuh ari balik mah uing bising balangsak, Mang. Pagahan wé ku Mamang ari kudu ngaji mah."
"Hayoh ngaji, hayoh ayeuna manéh."
Harita kénéh Ahmad dipagahan ngaji ku santri anu mempertanggung jawab daharna éta Ahmad. Berkah dipagahanna mah, calakan meunang tilu jajar.
Ngan ceuk santri, "Kieu Mad, isukan dipariksa ku Bapa. Lamun teu timu, awas manéh."
"Nya Mang."
Kulantaran Ahmad sieun dipariksa ké teu timu, euweuh deui gawéna ngan ngapalkeun baé. Bari mandi gé ngapalkeun éta Ahmad. Bari ngumbahan piring gé ngapalkeun baé. Bari ngahareupan hawu gé ngapalkeun. Ngasurkeun seuneu bari ngapalkeun ngaji baé. Éta Ahmad sabab sieun aya pemeriksaan teu timu ngorowéco wé.
"Aing mah gandéng masak deukeut si Ahmad. Ngerebek baé." Ceuk babaturan Ki Ahmad.
"Deuh uing bisi teu timu." Ceuk Ahmad.
Ahirna katalar éta Ahmad téh. Barang diparios deui ku santri, Alhamdulillah katalar. Bungah santri téh.
"Mad, dipindahkeun deui yeuh ku mamang. Muga-muga manéh sing jadi kyai nya Mad."
"Enya Mang."
Dipindahkeun deui teras. Ahmad téh terus-terusan ngajina. Tapi ari kerak mah ngaleut wé ka bapana. Inget wé ka indung bapa ari kerak mah.
Nya Ahirna riwayat Ahmad di pasantrén teu mulih-mulih. Sobar bari jeung tawekal ka Gusti Allah éta Ahmad. Barang beunang umuran dua taun, Ahmad ningkat kana ngaji, ngambil Jurumiah, bagéan élmu nahwu. Saeunggeusna ngaji amil jurumiah, eta Ahmad sok ngadéngé papatah-papatah ulama.
Saur guruna," Barudak sing rajin hudang ti peuting. Sing rajin manéh maca solawat. Sing rajin ménta ka Allah rizki anu seueur, nu halal, bari jeung élmu nu mangpaat. Malah madar mareneg téh meunang pitulung ti Allah barudak." Kécap guruna kitu.
Ari santri séjén mah kadéngé teu didéngé, ari si Ahmad mah kadéngé, didéngé, dilaksanakeun. Batur hudang manéhna saré. Batur saré manéhna hudang, gawéna Ahmad. Ti jam dua belas manéhna tara lésot jeung kitab baé. Tara lésot nyekelan kitab. Kakuping ku mama ajengan.
"Euh, Si Ahmad sobar tawekal. Prihatin. Muga-muga wé sing dijadikeun kyai Gusti. Dimangpaatkeun élmuna."
Tah salamina kitu waé Ahmad mah. Tapi ari kerak mah ngaleut wéh.
Kurang leuwih dalapan taun éta Ki Ahmad. Alhamdulillah. Ku ayana nurut kanu jadi guru. Manéhanana tekun sobar, sok hudang ti peuting. Tapi ari ka indung bapa, kerak mah ngaleut wéh, teu lirén-lirén.
Salajengna, Ieu Ki Ahamd téh dipanggil ku Kyai.
Saur mama ajengan, "Mad, kadieu. Bapa rék ngusir ka manéh. Ogé ngusir lain ngusir supaya anjeun mulih. Wayahna anjeun supaya pindah masantrén. Supaya nambah pangalaman. Tuh di lembur itu aya ajengan sepuh, guru mama. Lamun anjeun can dititah mulih, ulah waka mulih. Sanajan puluhan taun. Supaya nambah pangalaman. Supaya bener-bener dina segi elmu manéh. "Oh Mama, jadi abi kedah ngalih pasantrén? Kumaha atuh indung bapa abdi?" Ki Ahmad inget wéh ka indung bapana.
"Pokona urusan indung bapa manéh kumaha mama."
"Pan abi teu gaduh kitab ajengan."
"Dipangmésérkeun. Teu gaduh sinjang dibéré. Teu gaduh acuk ogé dipasihan."
"Teu gaduh bekel deuih."
"Urusan bekel gampang. Ieu surat ti mama candak yeuh. Insya Allah dititipkeun ka mama ajengan ulah dugi anjeun kalaparan."
"Insya Allah kyai. Ngan abi teu gaduh péci deuih." Jadi Ahmad téh ti kapungkur teu gaduh péci.
Saur mama ajengan, "Teu aya Mad ari péci mah. Tapi urang milarian wé."
Barang mama ajengan milarian, mendak oge urut kopéah anakna. Kopéah wol, boa kopéah naon tah nu aya nu munara luhurna. Kopéah beureum.
"Mad, aya gé ieu pakéan barudak. Bisa diriweuhkeun manéh ku barudak diéra-éra."
"Sawios ajengan itung-itung tanda paon wé." Ceuk Ahmad.
Nya Ahmad téh siap. Manéhna ngumpulkeun kitab. Ngangé sinyang meni geus euweuh kelirna. Nganggé tiamah rombéng, kopéah beureum ku manéhna teras dianggé. Ahmad teras mayunan guruna.
"Nyuhunkeun du'ana mama, moga-moga abi sing meunang pituduh ti Allah. Kalayan muga-muga élmu abi moga ku Allah sing dimangpaatkeun."
"Cig Jang, ku mama dido'akeun."
Bari ngeclak cipanon Ki Ahmad lugay mundur, layang rana dening laga. Jadi ki Ahmad ngésod, teras kaluar pasantrén. Ngéar baé manéhanana leumpang sorangan rék angkat ka pasantren. Prihatin pisan. Sapapanjang jalan ngéar baé maca solawat.
"Allahumma sholli ‘ala nuril anwar wa sirril asrar wa tiryaqil aghyar wa miftahi babil yasar sayyidina wa maulana muhammadinil mukhtar wa alihil ath-har wa ash-habihil akhyar ‘adada ni’amillahi wa ifdhalih."
Barang asup hiji lembur éta Ki Ahmad, kalerasan aya murangkalih di kampung éta nuju kempel. Barang ninggali Ki Ahmad meni eundeur-endeuran eta barudak.
Ceuk sawareh éta barudak, "Dak, aya orok gedé tuh rék kadieukeun."
"Beu, urang disangkakeun orok. Bener ceuk ajengan ieu kopeah barudak." Ceuk Ki Ahmad.
Tapi Ki Ahmad sobar baé, tawekal baé kanu kawasa. Barang teu lami Ki Ahmad sumping ka pasantrén anu ageung, pasantrén mama ajengan sepuh. Kaleresan santri nuju dalahar di pipir pasantrén. Ki Ahmad gancang uluk salam.
"Assalamu'alaikum."
"Wa'alaikumsalam."
Éta santri barang ninggali Ki Ahmad lain teu sautik nu kabesékan.
"Aya naon Mang?"
"Kula rék masantrén."
"Atuh masantrén ku masantrén, tapi éta kopéah meuni beureum."
"Pamasihan tanda panon ti ajengan." Ceuk Ahmad. "Di mana rorompokna kyai?"
"Tuh diditu palih tonggoh. Hayu tuh kaditu, kami bisi kabesékan deui yeuh."
Koloyor éta Ahmad téh. Barang dongkap ka mama ajengan sepuh.
"Assalamu'alaikum."
"Wa'alaikumsalam. Jang, banjar karang panglayungan anyar pinanggih. Timana kawitna ieu, timana tempat ngancik panyicingan?"
"Ti pasantrén itu Mama." Saur Ahmad.
"Aya naon?"
"Abi badé masantrén Ma." Jawab Ahmad.
"Alhamdulillah, gunung Himalaya ageung, ageungan mama bungah, bungah anu amarwatasuta. Manéh daék néangan élmu. Bungah mama teu aya hinggana. Saha ngaran Manéh?"
"Ahmad."
"Ahmad? Mad, mama téh bungah. Ngan aya bingung sautik Jang. Bingungna mama téh ieu tempat geus teu aya ku santri. Pinuh geus teu aya tempat. Mama bingung anjeun di mana ieu téh rék masantrén? Terkecuali anjeun daék di dapur, ku mama rék dipangdamelkeun kamar. Kumaha Mad? Lamun manéh di dapur rék pangnyieunkeun kamar, daék?"
"Alhamdulillah." Na jéro haténa Ahmad, "Cocok aing didinya yeuh."
"Leres ajengan, abi mah didinya waé. Ulah dialihkeun deui abi mah."
Pikiran Ki Ahmad, "Cocok aing mah deukeut kana kéjo yeuh." Sabab Ki Ahmad rumasa teu mawa bekel.
Jadi, Ahmad téh dipangdamelkeun kamar di pawon, ngan éta Ahmad gawéna tempa-tempo baé. Ari témpa-tempo, lain némpoan anu teu bener. Lamun némpo kana bak mama ajengan paragi siram kosong, terus mangalakeun cai. Ningali ibu ajengan teu gaduh suluh, éta Ki Ahmad aprak-aprakan milari suluh. Ari ti peuting tara saré, euweuh deui gawéna éta Ki Ahmad ngan nyekelan kitab. Nalék. Asal tengah peuting nyéar maca solawat.
"Allahumma sholli ‘ala nuril anwar wa asirril asrar wa tiryaqil aghyar wa miftahi babil yasar sayyidina wa maulana muhammadinil mukhtar wa alihil ath-har wa ash-habihil akhyar ‘adada ni’amillahi wa ifdhalih."
Jam dua belas ditingali ku ajengan, Ahmad masih kénéh nyekelan kitab. Sampé satengah opat mama ajengan gugah, tetep Ki Ahmad nyekelan kitab.
Alhamdulillah, riwayat ieu Ki Ahmad masantrén di mama ajengan sepuh kurang leuwih dalapan taun. Dipanggil ku mama ajengan. Ieu Ki Ahmad masegi elmuna. Bagéan élmu nahwu diaos, bagéan alatna manték, munadoroh bayan istiarah, bade dohar maknun, isagozis, suram manték, sulamun munadoroh, tanhis diaos. Tafsir kitab anu sakitu seueurna diaos sadayana. Tafsir munir, tafsir jalalén, tafsir sowi, tafsir baédowi, tantowi diaos, tafsir jamal, madrokin, tanjir hanfi kaésir. Terus bagéan élmu tasawufna, pertama kitab bidayatul hidayah, minhajul abidin, hikam, wasiatul mustofa, ihyaulumudin, tambighul mughtarin, tambighul ghokilin, sarah ilhya altihaf, nasaidiniyah, nasalil ibad, hidayatul solihin, salamu taufék. Terus bagéan usul, pertama-tama kitab warakat, jamu jawame, mughni muhtad, umul barahin, tijan, sansiah, jauhantauhid, ifkan tausiah. Terus bagéan hadits, pertama-tama kitab daoiq, durotun nasihin, durotun naidin, bukhari, muslim, fathul bari, tajru soreh, isaul ibad, kurtubi, baétu niah, fajar islam usfuri majrasi saniah, jauhar tauhid, badru munir, durussaman, mustolahathadits, kanjulkumal hadist. Teras dina bagéan fikihna, pertama-tama kitab sarasitin, terus kana riyadh, taqrib, fathul muin, toseh, bajuri, kifayatul akhyar, ikna, bujarami ikna, fathul wahab, bujami fathul wahab, jawajir, bafadol, minhaytul jain, mihayatu ibnu asir, minhaju tolibin, ilanatu tolibin, alumtu, fakumdatus ali, majbuul butun, fathul jawad, busro qarib, sifatus saja, sulamun nadap, dul masul, asbahir, kastolani mahali matori. Jadi Ki Ahmad téh pasegi élmuna. Anu ahirna éta Ki Ahmad diangkir ku mama ajengan sepuh.
"Jang kadieu. Cunduk kana waktu ninggang kana mangsa, mama lain nek ngusir ka manéh. Meujeuhna manéh téh gera mulih. Muga-muga wé élmu manéh ku Allah dimanpaatkeun. Geura minuk tutur anjeun ka inung bapa ajeun, ka ahli-ahli anjeun, kum ka muslimin muslimat. Cig dido'akeun ku mama."
Ki Ahmad kaluar ti pasantrén, manéhanana ngeclak cipaon dipayunan mama ajengan.
"Ma, nyuhunkeun du'ana."
"Cig Jang, Muga dimanpaatkeun élmu anjeun." Ki Ahmad lésot tina lahunan mama ajengan. Lugay mundur, layang rana dening raga.
Sapanjang jalan Ki Ahmad nyorén kanéron (kantong sorén), kopéah beureum dianggo baé ku manéhanana. Meni geus lopong ieu koepah.
"Allahumma sholli ‘ala nuril anwar wa sirril asrar wa tiryaqil aghyar wa miftahi babil yasar sayyidina wa maulana muhammadinil mukhtar wa alihil ath-har wa ash-habihil akhyar ‘adada ni’amillahi wa ifdhalih." Maca solawat sapapanjangna ieu Ki Ahmad.
Dugi ka bumina. Kirang langkung Ki Ahmad téh teu pendak sareng ibu bapana. Na barang dongkap téh ka bumina, éta bapana keur ngomé hayam kénéh.
Teras Ahmad uluk salam, "Assalamualaikum."
Ceulenggeu wé bapana ciga oray sinduk. Teu ngartieun. Teu wawuheun. Pokna téh, "Persabén wé maaf nya pa, boro-boro kami bisa méré, ieu gé can dahar ti kamari."
"I ih, teu kenaleun ieu kolot." Ceuk Ahmad na jero haté.
"Pa, maaf. Abi sanés bade ménta-ménta, pa ieu teh anak Bapa. Piraku hilap deui. Ieu téh Ahmad téa Pa nembé mulih ti pasantrén." Ceuk Ahmad.
"Euuu, horéng Sia Mad, tuh ceuk aing gé naon Sia téh, maning nguseup, meureum geus loba laukna. Coba éta sia diajar ngaji. Kurang leuwih dalapan belas taun, naon beubeunangan Sia? meni teu mawa cau ngora-ngora acan. Coba kalah ka asak hulu Sia, éta meni beureum." Kalah ngalédék éta ka Ahmad téh sanés bungah jeung atoh, sajaba ngalédék ka Ahmad kalah ngusir. Jadi kapaksa Ahmad téh mulih deui. Pinuh ku kasedihan Ahmad téh, ngémutkeun indung bapana. Neda-neda kanu Kawasa.
"Gusti muga ngabalikeun émutanana ka indung bapa, tina teu bener kana bener." Teras Ahmad téh mulih deui. Sajeroning di jalan, Ki Ahmad téh tetep wé maca solawat muhtar.
"Allahumma sholli ‘ala nuril anwar wa sirril asrar wa tiryaqil aghyar wa miftahi babil yasar sayyidina wa maulana muhammadinil mukhtar wa alihil ath-har wa ash-habihil akhyar ‘adada ni’amillahi wa ifdhalih."
Anu ahirna Ki Ahmad lebet ka hiji kampung. Barang lebet ka hiji kampung, teu lami waktu dohor. Nya, Ahmad téh lebet ka hiji masjid. Teras Ki Ahmad téh netepan dohor di masjid. Barang berés netepan. Alhamdulillah ahli-ahli kampung dinya daraongkap ka Ki Ahmad masihan katuangan. Kalayan masihan dahar. Alhamdulillah tah Ki Ahmad teu kalaparan. Berés Ki Ahmad dahar leueut. Teras Ki Ahmad permios. Nu ahirna sadayana sasalaman ka Ki Ahmad sambil ngeupeulan artos. Barang diétang-étang ieu artos ku Ki Ahmad sanés sakedik, kenging genep rupiah satengah jaman normal. Alhamdulillah pitulung ti Gusti Nu Maha Suci, saré'at ti ahli-ahli kampung nu aya didinya.
Teras Ahmad téh mulih. Saenggeusna mulih éta Ki Ahmad sapanjang jalan, ngémutkeun ieu kamana uing balik? Diémut deui ku Ahmad, ieu lewih hadé, ieu mulih deui ka lembur sorangan, sanajan indung jeung bapa ngéwaeun, kalayan teu ngala, dimalum wé ku Ahmad sabab masih kénéh bodo, kosong tina didikan agama. Nya émutan Ahmad, daripada leumpang kamana-mana. Bujeung-bujeung bisa magahan batur. Kolot sorangan gé can daék solat-solat acan. Jadi kaputusan Ahmad, mulih deui ka ibuna jeung ka bapana.
Barang dongkap Ahmad ka ibuna sareng ka bapana, teu ditaros teu naon. Diaréwaan ku ibu ramana. Prihatin Ki Ahamad téh, saréna oge handapeun kakayuan, ku ayana buaran bumina jauh ka tatangga. Teras Ki Ahmad téh émut kana artos genep pérak satengah, nya ahirna ku Ki ahmad téh di balanjakeun kana awi kana hateup, kana bilik. Anu maksudna, anjeuna badé ngadamel hiji musola kanggé tempat ibadah ka Allah subahnahuwataala. Éta Ki Ahmad ngabangun musola téh nyalira wé. Ari ibuna sareng bapana nyaram henteu, babantu henteu. Ningalikeun wé ka Ahmad. Kalahka ngobrol.
"Ieu si Ahmad keur nyiun kandang naon?" Teu terangeun kana urusan musola atawa langgar.
"Ieu si Ahmad keur nyiun kandang naon?" Teu terangeun kana urusan musola atawa langgar.
Saparantosna berés éta musola, teras wé Ki Ahmad téh tafakur beurang peuting. Anu jadi poko kahiji nyuhunkeun ampun, ngénta dihampura dosa ka Allah subhanahu wataala. Namung, ibu bapa na bingung.
"Si Ahmad keur naon di jéro kandang?"
"Coba Kang, intip si Ahmad téh. Keur naon?"
Barang diintip ku bapana, kaleresan Ki Ahmad téh nuju netepan, keur sujud. Eta bapana barang ninggali Ahmad keur sujud mani lulumpatan bébéja ka pamajikannana.
Ari pokna, "Si Ahmad kajadian kalaparan, ngahakanan samak mani nonggéng-nonggéng éta si Ahmad."
Jelema keur sujud kanu Kawasa pajarkeun ngahakanan samak. Ku bodo-bodona indung bapana. Sobar wé Ki Ahmad tawekal ka Allah. Pinuh kaprihatinan. Asal wengi Ki Ahmad hudang jam dua belas, netepan tahajud, teras ménta ampun, ménta dihampuran ka Allah, nyuhunkeun rizki nu halal, nyuhunkeun élmu nu manfaat. Ki Ahmad tetep teu diropéa ku ibu ramana.
Barang hiji waktos, nuju teu aya ibu bapana. Kinten-kinten tabuh opat sumping genep barudak ngarora. Sihoréng éta genep pamuda, éta téh santri atos dua bulan milarian kyai teu acan mendak. Barang dongkap ka langgar Ahmad. Ieu barudak ti kajauhan bingung, naha langgar atau kandang embÉ?
Ceuk sawaréh, "Langar yeuh."
Ceuk sawaréh, "Kandang embé."
Barang dicaketan leres musola. Teras barudak nyanggakeun uluk salam. "Assalamu'alaikum.."
"Wa'alaikum salam."
"Duh pantes, nu bogana meni beureum kopéahna" ngalédék weh barudak téh.
"Mang, musola sanés ieu téh?"
"Sumuhun, Ujang."
"Cing gedé atuh nyieun musola téh!"
"Nya atuh da kumaha ieu téh, ieu ge euweuh nu ngisian."
"Punten wé Mang ngiring netepan yeuh."
"Mangga Jang."
Teras barudak téh ngiring netepan asar. Barang bérés netepan teras ngobrol.
Saur Ki Ahmad, "Jang asa ku banjar karang panglayungan, anyar pinanggih. Timana kawit, dayeuh mana, tempat ngancik panyicingan?"
Ceuk barudak téh, "Pa, kuring teh santri. Terang bapa ka santri? Ieu kuring téh keur milari kyai yeuh. Kurang leuwih geus dua bulan can mendak kyai. Terang bapa Kyai?"
Teu terangeun yén Ahmad teh hiji ulama, hiji kyai.
"Pan ari jalmi mah Pa, kudu daék ngaji, solat gé kudu nyaho kana élmuna." Jadi sabalikan maragahan ieu barudak ka ki Ahmad. Teu terangeun ieu Ki ahmad éta hiji ulama. Sumuhun-sumuhun wé, éta Ki Ahmad mah.
Ahirna dugi dur waktu magrib, ieu barudak nu genep téh beres adan, beres komat, barang bérés éta komat.
Ceuk Ki Ahmad," Mangga Ujang, bapa nyérahkeun wayahna piwarang ka payun jadi imam."
Sadayana santri alim ka payun, teu kersaeun. Alesanna, "Kuring téh capé Bapa. Ayeuna mah langkung saé bapa wé. Naon wé nu sakira-kira bapa bisa. Hayoh baca. Da Alloh mah lautan pangampura iyeuh."
"Teu tiasa ujang bapa mah." Ceuk Ki Ahmad.
"Hayu pa, itung-itung latihan lah. Ke lamun teu bener ruku, sujud, ku kuring ké diomékeun pa."
Ki Ahmad téh kapaksa ka payun. Teras Ki Ahmad teh ngimaman, babacaanna paséhat, kalayan nudiaosna ayat-ayat Al-Qur'an. Suantenna matak muringkak bulu punduk. Ieu barudak bingung sadayana. Suanten Ki ahmad saé amat, paséhat amat, bubuhan ulama. Jadi barudak anu genep bingung anu teu aya hinggana teu tiasa solat. Tungtungna sili sedekeun we éta barudak. Sebab manéhanana, tadi téa magahan ka Ki Ahmad. Jadi tinimang solat, kalah ribut ti tukang.
Ceuk sawaréh, "Tangkurak Sia iyeuh."
Ceuk sawaéh, "Sia iyeuh. Duh kaisinan nya?"
Barudak téh teu solat, nu solat téh Ki Ahmad wé sorangan.
"Abi ngahina ieu ka Bapa. Sanajan dirungkad ku halu tujuh. Abi téh moal indit Kyai. Tetep abi rék masantrén di dieu."
"Pan mamang mah teu bisa ngaji. Aya wé jampé oray-oray mah." Kitu Ki Ahmad téh teu sombong hirupna.
"Sawios ajengan, sanajan dirungkad ku halu tujuh, moal indit tetep rék pasantrén di dieu."
Nu ahirna ieu barudak téh kapaksa salaré di langgar. Barang dur subuh teras, ieu barudak téh tarurun ti langar. Badé netepan subuh. Milari cai kanggé abdas. Ari bapana Ki Ahmad, keur nangtung wé di pipir imah bari kiih. Barang ningali ieu barudak ngaleut ti langar genepan. Gusti, éta bapana kiih bari lumpat.
Ari pokna téh ka pamajikanna, "Manéh, Si Ahmad jelas anakan." Padahal mah éta bapana, nuju santri lebet ka langgar teu terangeun.
Éta bapana Ki Ahmad ampir diteunggelan ku santri. Alus kabujeng ku Ki Ahmad.
"Barudak, ulah diheureuyan pan éta téh punbapa."
"Éta cenah Ajengan, ngalédék, pajar Ajengan anakan sagala."
Ahirna ieu barudak tetep masantrén. Ngan teu lami ti saminggu, ieu barudak téh permios rék mulih. Ieu barudak mulih sotéh, kahiji teu gaduh bekel, maksudna rék nyandak bekel. Kaduana sedih teu gaduh pasantrén, maksud barudak rék ngayakeun musyawarah sareng ibu ramana. Ku hoyong ngadamel pasantrén. Nu nomor tiluna, ieu barudak téh ngarasa sedih ninggali Ki Ahmad, umuran saminggu teu pernah katinggali ngahuapkeun sangu. Jadi barudak téh permios.
"Ajengan, abi nyuhunkeun du'ana. Tapi tetep moal lami, badé mulih deui."
"Cig Jang, didu'akeun ku bapa."
Teras ieu barudak nu genapan téh ngaleut mulih. Sadayana ka bumina masing-masing. Barang darongkap kabumina ieu barudak ngayakeun musyawarah jeung ibu bapana.
"Abdi, kyai mah parantos gaduh, Ibu, Bapa. Ngan, pasantrén teu aya. Upami aya kaikhlasan jeung karidhoan, abdi téh hoyong ngabantuan kyai, ngabangun pasantrén." Rencana ieu barudak téh tetep hoyong ngabangun pasantrén.
Saur ibu ramana, "Jang, cocok pisan. Deudeuh anjeun ka ibu rama. Tah ieu dunya anu mangpaat téh. Manéh mawa kana jalan kasalametan dunya ahérat. Sedengkeun jariyah téh, anu insya Allah teu aya pegatna. Ngocor Jang. Iraha anjeun rék arangkat deui? Ulah geuning ratus atawa rébu, ku bapa mah dibélaan perkawis ngadamel pasantrén mah, Jang."
Putus musyawarah, ahirna siap-siap nyandak bekel nu kalintang seueurna. Nyandak artos masing-masing kanggo ngabangun pasantrén. Ieu barudak téh ngempel deui anu genep. Teu lami gancang éta barudak arangkat deui. Sapanjang jalan deudeuh teuing, hayang geura énggal pendak jeng kyai Ahmad. Tapi, barudak di jalan ngobrol wé.
"Barudak, ieu kadaharan nu dua bongsang mah mah bikeun wé ka bapana kyai, sugan bageur."
"Bener euy."
Nu ahirna dongkap deui ka pasantrén.
"Assalamu'alaikum"
"Wa'alaikum salam."
Ki Ahmad moro, "Barudak salamet?"
"Alhamdulillah."
Ieu kadaharan nu dua bongsang dipasihkeun ka bapa kyai. Daékkeun éta mawa kadaharan mah. Tapi nanya ka santri, najis teu daékkeun. Teuas haténa.
Teras ieu barudak téh siap ngabangun pasantrén saurang hiji alit-alit ogé. Jadi barang dugi saminggu, tétéla éta pasantrén aya genep sanaos alit. Ibu ramana mah ninggalikeun wé. Sadinten dua dinten Alhamdulillah santri téh nambihan. Tiap dinten éta santri nambihan baé. Barang dugi sataun atawa sawarsih lamina, diétang éta santri atos genep puluh langkung. Ti genep dugi ka genep puluh, ieu bapana Ki Ahmad najis can nyorang nanya ka santri. Barang dugi ka lebah dua taun, Ki Ahmad diétang santrina parantros saratus leuwih. Cepet. Alhamdulillah, hidayah sinareng taufek ti Allah. Dadaksakala indung bapana téh kira-kira tabuh dua nangis.
Basana mah, "Coba ibu ménta hampura dunya ahérat."
Barang disampeurkeun ku Ki Ahmad, "Nanaon ceunah Pa tengah peuting kieu?"
Basana téh, "Jang, hampura bapa dunya ahérat sanajan ka anak. Disangka ku bapa mah manéh téh sasar hirup di dunya ieu. Sihoréng bapa nu sasar ti baheula. Jadi bapa téh ayeuna mah Jang, bapa hoyong diajar solat. Bapa hampura sanajan ka anak. Jadi bapa téh anu sasar, bapa téh hirup rugi teu ibadah ka Allah. "Boga rasa rugi ieu indung bapana, gogoléran nangis.
Alhamdulillah ibu ramana geus kitu hidayah sinareng taufek ti Allah dugi insyaf daékeun ibadah. Getol hudangna gé ti peuting, ngan getol teuing. Jalinger teuing. Dur subuh jam tilu dihantem. Éta santri meni bingung.
"Ieu saha nu bedug subuh yeuh?"
"Moal salah ieu mah bapana Ki Ahmad."
"Eh, da bener."
"Pa peuitng keneh, Pa euy. "
"Peuting keneh barudak?"
Atuh can waktuna ieu karék jam tilu. Jalinger teuing meureun, ma'lum mamayu solat.
Ahirna, Alhamdulillah ieu Ki Ahmad téh santri nyangkin seueur, ibu ramana parantos insap.
Nicak kana hiji taun. Geus kitu pitulung Allah. Rizki mah teu disangka-sangka kanu jalma nu sabar tawekal. Jangji Allah tina Al-qur'an.
Bismillahirahman nirahim. Waman yattaqillaha yaj'al lahu makhrajan wa yarzuqhu min haitsu laa yah tasibu.
Sasaha jalma nu tawékal ka Allah, jangji Allah, baris diberé enggon kaluar. Kaluar tina kabingung, tina kasusah jeung bakal diberé ku Allah rizqi anu teu disangka-sangka.
Anu ahirna ieu Ki Ahmad téh digotong royong ku sadayana santri di ka Mekahkeun.
"Mama Kyai, wayahna kedah angkat ka tanah suci. Nyukupan ka rukun islam, anu kalima."
Alhamdulillah. Kaputusan Ki Ahmad, diuruskeun ku sakabéh santri berangkat ka tanah suci.
Alhamdulillah diperjalanan salamet kalayan bisa ngalaksanakeun ibadah haji.
Barang gancang riwayat. Cunduk kana waktu, ninggang kana mangsa, Ki Ahmad badé mulih ti tanah suci. Santri kabeh eundeur mapagkeun kyai. Ki Ahmad geus nganggo sorban putih, peci putih. Éta jubahna nu kalintang saéna. Barang dongkap, lungsur tina kapal, muridna dugi ka nangis ku pohara mulyana éta Ki Ahmad. Ibu ramana mah kantenan sumawonna, dugi kalebah gugulingan.
"Jang, Gusti tétéla anjeun téh hiji anak anu soléh. Keur mah jadi kyai, geus jadi haji, santri nyangkin nambihan. Saréatna lamun anjeun teu mabét ka pasantren, Jang. Ibu bapa téh kana jurang nu mana boa asupna ieu bapa ibu téh?
Alhamdulillah Ki Ahmad téh pada ngalayad, pada nempo. Katuangan sanés kanten parantos teu kadahar. Namung ibu ramana ka payuneun Ki Ahmad téh nangis.
Basana, "Mad bungah anu amarwasuta, ibu sareng bapa ninggali anjeun geus jadi haji, geus jadi kyai, katambah santri sueur. Namung, aya sarupi deui ibu bapa téh nu kaémutan beurang peuting, Jang,"
"Naon, Pa?"
"Jang, ari umur anjeun diétung ku bapa, geus leuwih ti lima puluh taun. Naha teu hoyong kagungan bojo?"
Jadi Ahmad téh teu acan kagungan bojo. Umurna geus leuwih ti lima puluh taun.
"Jadi, Ibu sareng bapa sok isin ngadangu obrolan barudak téh, apa pa kyai banci kitu? Nu matak Ujang wayahna wéh gera kagungan bojo. Ku hayang ibu téh boga minantu. Keur puguh boga anak téh ngan hiji-hijina."
"Insya Allah, pa. Ngan kumpulkeun wéh ieu santri. Sebab abdi milari pibojoeun moal tiasa sadinten dua dinten. Saminggu moal tiasa. Paling sakedik abdi kedah ngalalakon tujuh sasih."
Ya Allah, Ya Rabbi. Sadayana santri bingung.
Ceuk bapana barudak, "Boa-boa guru manéh mah rék néangan nu buntutan sugan. Da ari bapa mah, jaman bapa, sapoé mah meunang lima belas awéwé mah da guyek." Ma'lum bapana mah adat jawara kenéh.
"Teu tiasa abdi mah, Pa. Kumaha barudak, lamun ditinggalkeun ku kyai tujuh bulan, maranéh ridho?"
"Mangga Ajengan. Ari leres-leres mah, mangga. Tetep abi moal robih masantrén, rék didieu."
"Tah lamun anjeun raridho. Sing kaharadé nya. Bada subuh enjing kontan mama rék berangkat."
Jadi kaputusan Ki Ahmad musawarah sareng sakabeh santri, enjing bada subuh badé mangkat.
"Du'akeun barudak."
Barang dur subuh, Ki Ahmad netepan subuh. Barang berés netepan subuh, Ki Ahmad dangdos. Sinjangna gé meni ngalosin. Acukna, jubahna nu kalintang sueurna. Aya nu anéh éta Ki Ahmad badé milari istri, badé milari pibojoeun na kalah maké calana nu handapna, handapeun tuur. Leuheung lamun alus. Maké acuk rombéng. Éta kopéah beureum dipaké deui. Ngahaja manéhna meser di Mekah anu persis cara baréto. Nyorén kaneron, eusina téh kitab jeung angéan anu bersih dua tilu setel. Manggul pacul. Anéh amat éta Ki Ahmad milari pibojoeun kitu dangdosannana. Ibu saréng bapana bingung amat, aya anéh kana dangdosan Ki Ahmad.
"Mad, Ya Allah, ieu téh rék macul atawa rék kamana? Ari bapa mah, Jang, teu boga baju gé minjeum heula ka babaturan, teu gaduh sapatu gé nambut bisi teu bogoheun. Na ari anjeun kalah ka kieu?"
Ceuk Ahmad, "Béda, Pa. Abi mah rék nyobi ka istri téh. Lamun istri bogoheun kana dangdosan modél kieu, ké lamun abdi dangdos leuwih ginding, leuwih bogoheun. Daripada tina ginding nepi ka butin. Daripada tina sueur artos nepi ka teu dahar. Abi mah embung némbongkeun kana kagagahan jeung kabeungharan. Keur naon atuh ditémbongkeun? Isin kanu Kagungan, Nu Kawasa."
"I ih, bener béda nomber mun kieu carana yeuh. Tapi, ngado'akeu wé bapa mah, Jang. Tapi rarasaan tujuh taun gé saha nu daékkeun?"
Santri gé kabéh pada bengong "Wah, acak-acakan yeuh dak yeuh.."
Ceuk sawaréh golongan santri, "Ih, saha nu nyaho? Da Kyai éta téh."
"Ah da kyai gé, ari beureum kitu mah ampun. Saha cing nu daékkeun?"
"Ah, do'akeun wé." Ceuk barudak santri. "Sialing ulah sok wani ngahina basa kanu jadi guru. Hah? Sabodo-bodona gé guru, saluhur-luhurna taktak moal bisa ngaluhuran kana sirah, Silaing téh."
"Nyaéta kitu ari kitu na mah, ngan ku eungap wé saya mah nénjona."
Éta Ki Ahmad téh angkat duka ka lembur mana. Duka ka daérah mana. Sapanjang jalan maca solawat teu lirén-lirén.
bersambung : Hikayat Ki Ahmad, Kopéah Beureum-Ust. Balap (Bagian 2)
No comments:
Post a Comment