Warning, mengandung kata-kata kasar, sesuai dengan karakter tokoh. Bahasa Sunda tediri dari beberapa tingkatan bahasa, halus (digunakan saat berbicara dengan orang yang lebih tua atau dihormati), loma (digunakan saat bersama teman), kasar (dianjurkan untuk tidak digunakan, karena biasanya mengandung umpatan, digunakan saat marah, meledek, dan merendahkan lawan bicara). Dimohon bijak.
Teu kacaritakeun Ki Ahmad. Kacarioskeun di hiji daérah aya jalmi beunghar. Jenengan nana Pa Haji Hasan. Pa Haji Hasan téh ka celuk ka awun-awun, ka koncara janapria, jujuluk adil palamarta. Lenggahing gilang kancana nganggo makuta binukasirin, dinaretes ing sosoca. Asta gangga wira kanu perta. Asta panangan gangga, iku banyu wira, aranéwong pinter, tanu iku mangsih perta iku kalam. Namung, aya salah saeutik Pa Haji Hasan téh rada medit.
Ari kagungan putra jenangan nana téh Ratna Mintarsih. Ieu budak kirang langkung yuswana lima welas taun. Meujehna parawan, remaja putri. Ari kageulisan nana éta Ratna Mintarsih téh, béntangna pawaran di kota éta. Teu aya deui nu mahi. Ditinggali gidikna meni gidik ringgit. Diténjo léngkah, léngkah pérak, meni sing karetit. Éta pipina ogé matak tisolédat kutu, tijalikeuh tuma. Geulis. Allahu Akbar, kageulisan Ratna Mintarsih téh jadi euneur sadadayeuh, onar sajajagat. Gégér kabeh. Gégér sakabéh pagawé, gégér sakabeh jalema beunghar. Dararongkap ka bumina Pa Haji Hasan. Ngalamar. Najis hiji gé euweuh nu ditarima. Éta Ratna Mintarsih téh ka sakola ogé dijajap ku mobil.
Si horéng, ieu Kopéah Beureum rék kadinya maksudna, Ki Ahmad téh. Ari Pa Haji HAsan keur nyanghunyar wé dina korsi, malér. Ngéar wé kakuping suantenna éta Ki Ahmad.
"Allahumma sholli ‘ala nuril anwar wa sirril asrar wa tiryaqil aghyar wa miftahi babil yasar sayyidina wa maulana muhammadinil mukhtar wa alihil ath-har wa ash-habihil akhyar ‘adada ni’amillahi wa ifdhalih."
Ceuk Pa Haji Hasan, "Saha nya nu maca solawat?"
Barang katinggali téh. Pucunghul éta Ki Ahmad maké kopéah beureum, mawa gémbolan.
"Oh, nu rék ménta-ménta."
"Allahumma sholli ‘ala nuril anwar wa sirril asrar wa tiryaqil aghyar wa miftahi babil yasar sayyidina wa maulana muhammadinil mukhtar wa alihil ath-har wa ash-habihil akhyar ‘adada ni’amillahi wa ifdhalih."
Dongkap Ki Ahmad, "Assalamu'alaikum."
"Wa'alaikumsalam." Ceuk Haji medit.
"Aya naon, Jang? Rék ménta-méta manéh téh?"
"Sanés Juragan. Abdi téh milari padamelan." Ceuk Ki Ahmad.
"Oh, milari padamelan? Saha ngaran manéh?
"Ahmad, Pa."
"Oh, Ahmad. Kitu gé ulah diuk na tangga Jang, meunang ngepél. Turun."
Na kabina-bina teuing. Calikna tangga teu meunang pokna meunang ngepél. Korosak Ki Ahmad turun kana koral curugan téa, tah.
"Saha ngaran manéh?"
"Ahmad, Pa."
"Heueuh, poho deui bapa. Jang urusan kebon mah geus teu aya. Kebon karet ratus-ratus héktar bérés. Duka sawah yeuh? Ké urang manggil mandor gawé nya Jang. Sebab, mama mah teu terang. Apakah aya kénéh pagawéan, apa teu aya? Sabab aya nu ngabogaan kawasa didieu téh soal pagaéan mah. Ku Bapa geus diserahkeun, kawasa benda ngarana Pa Karman."
Éta Pa Karman téh jawara. Teu meunang salah saeutik jelepok baé. Jalmina jangkung ageung. Maké iket hideung, calana hideung, baju hideung. Tukang bobok tukang tarok. Ceuk nu bohong téa mah, ngan henteu ari tukang ngabobokan androk mah. Bangsa ajian weduk paru, Cigondewah, Cikengkengan, séra, Cimane, tanjakan brajamusti, tajimalela, betarakarang, élmu banyu pancasona, betarasangsang, sapu angin, ngan henteu sapu injuk, sapu paré, pinuh tah. Éta jalma ngan paséa waé. Barang aya angkiran ti Pa Haji Hasan, datangna gancang. Golokna saméter.
"Assalmu'alaikum."
"Wa'alaikumsalam. Aya peunciteun tah juragan?"
"Wéh, Sia nanyakeun peunciteun, masina aya budak nakal."
"Kieu Mang, Bapa rék nanya ka manéh, apa aya kénéh, apa teu aya ieu pagawéan téh?"
"Kebon karét bérés Gan. Namung sawah aya satempat deui anu can bérés."
"Nah, nah, nah dimana?"
"Anu aya di sela-sela gunung. Ka belah wétan gunung, ka belah kulon gunung, Pa. Di sela-sela gunung anu sabelas pétak. Ayi saung mah raos, cai meni curcor, tapi ieu jalmi euweuh anu wantuneun, Pa. Keueung hawana."
"Nah, nah, nah. Jadi can berés?"
"Teu acan, Pa."
"Karman, aya hiji budak milari padamelan. Ngaran Si Ahmad. Tuh, coba sugan kersaeun. Coba gawékeun ku manéh."
"Di mana, Juragan?"
"Tuh di luar, cig. Kumaha manéh wé pokona mah."
Berangkat Karman ka luar. Éta puas, Pa Karman sombong jeung teu kaburi aing teu deungeun. Noél Ki Ahmad éta lain ku leungeun, tapi ku suku. Jadi jelas kasombongan Pa Karman téh, lebah lain ku leungeun tapi ku suku.
"Héh, malik Jang."
Ceuleunge wé éta Ki Ahmad téh.
"Budak kolot ieu Sia téh euy?"
Ceuk Ki Ahmad, "ah. Sedeng wé, Pa."
"Lain, ku bapa rék disebut budak da kolot, disebut kolot da ieu kopéahna, kopéah budak. Da meuni beureum. Saha ngaran manéh?"
"Ahmad, Pa."
"Milari padamelan manéh téh?"
"Sumuhun."
"Yeuh, bapa ngomong nya ieu nya? Lamun manéh digawé dina hiji sawah kadituna gunung, kadieuna gunung. Kumaha daék? Di sela-sela gunung. Ari saung mah aya keur saré manéh, cai genah. Ngan saratna aya ieu téh, Jang."
"Sarat kumaha, Pa? Di mana-mana gé abi kersa."
"Kieu ti mulai macul nepi ka waktu panen, manéh kudu tanggung jawab. Teu bisa sakarep manéh. Kudu wani pol salama ti macul dugi ka hasil. Kurang leuwih tujuh bulan? Sanggup?"
"Sanggup waé, Pa."
"Hama sanés kanten, basmi ku manéh. Kudu dibarantas. Sabab teu bisa hasil panén urang, lamun hama diantep. Masing turun ka anak incu gé Jang, masalah hama mah kudu dibasmi. Sebab ahirna, efekna ka sararéa nyieun susah. Ulah aya istilah teu meunang dibasmi ieu hama. Ulah ciganing sato héwan beurit jeung sajabana atau wereng. Jalema mung ngarusak, tetep kudu ditéwak. Komo sato mah. Komo jaman ayeuna mah yeuh, jaman 78, 79, malah nanam padi gé ulah sambarangan. Kudu nurut ka palaturan pamaréntah. Melak paré gé kudu paré PUTW (Padi Unggul Tahan Wereng). Tah masarakat téh lamun bener maruji sukur dibéré merdeka téh, ieu kudu bener-bener program pamaréntah téh kudu dibantu. Ciri manusa nu muji sukur, Jang."
Ceuk Ki Ahmad, "Sumuhun, éta mah sadaya-daya, Pa. Mémang salaras jeung paraturan Allah. Sabab efeknana kana ibadah-ibadah kénéh. Lamun urang kajadian téh, kumaha urang dina ngalaksanakeun solat. Kumaha ngalaksanakeun pambangunan, jeung sabangsana? Boro-boro jalmi daék sodaqoh jariyah. Kanggo tuang gé teu aya. Tah nu matak penting téangan sumber ibadah Ka Allah téh. Ngamankeun nagara ibadah. Ningkatkeun produksi hasil pertanian ogé ibadah. Ngomékeun jalan ogé ibadah. Ngabangun saluran cai. Malah ngaronda tengah peuting, éta gé ibadah. Lain kur solat ibadah téh. Cing ngarti atuh ngaraji téh."
"Bener gagah manéh mah. Nyaho geuning kana cara-carana hirup. Lamun bener anjeun hayang salamet dunya ahérat mah jelas kudu kitu. Hayu, Jang. Dianteur ku Bapa. Hayu urang témbongkeun sawahna iyeuh."
Ki Ahmad sareng Pa Karman téh leumpang. Turun gunung unggah gunung, nété balurungsit. Mapay-mapay pancaniti. Teu lami dongkap ka hiji sawah. Bener ka dieu pasir, sawah, ka belah kulon gunung. Sawahna sabelas pétak. Cai meni curcor, bubuhan kaayaan di gunung.
"Tah Mad. Ieu kir keur héés manéh yeuh. Paéh hirup gé, manéh mah ulah balik-balik. Ari urusan dahar mah Jang dianteuran ku Bapa. Isukna jam sabelas, soréna jam tilu."
"Sumuhun, Pa."
"Hayoh, tah ieu sawahna yeuh. Bapa mah geus kieu mah rék balik."
"Mangga, Pa."
Karman mah teras mulih. Ari Ki Ahmad mah teras wé da waktu dohor abdas, teras netepan dohor. Barang berés dohor, éta Ki Ahmad turun ka sawah teras baé macul.
Dur asar teu lami sumping, Pa Karman nganteuran. Éta Ki Ahmad, macul baé di tengah sawah. Barang datang Bapa Karman mamawa sangu.
"Mad, ieu téh geura dahar. Ieuh sangu yeuh Mad yeuh."
"Mangga, Pa. Simpen wé di saung."
"Bapa mah rék mulih deui yeuh."
Mulih Pa
Karman. Éta Ki Ahmad dur magrib solat magrib, dugi ka isya solat isya. Sangu
teu leungit saréméh-saréméh acan. Barang datang jam dua belas, Ki Ahmad tetep
solat tahajud. Dur subuh, solat subuh. Bérés netepan subuh, berangkat deui ka
sawah. Macul deui wé Ki Ahmad. Ngan anéh, ari pacul hiji, kunaon tapak pacul
beut aya sapuluhna?
Ieu kaajaiban Ki Ahmad téh. Anu ahirna jam sabelas, datang deui Pa Karman nganteuran. Sangu nu kamari gé weuteuh kénéh. Barang datang Pa Karman ka saung téh, goyang kapala.
Ieu kaajaiban Ki Ahmad téh. Anu ahirna jam sabelas, datang deui Pa Karman nganteuran. Sangu nu kamari gé weuteuh kénéh. Barang datang Pa Karman ka saung téh, goyang kapala.
“Pan ieu Si
Ahmad teu dahar.”
“Mad...”Ceuk
Karman ngarowok ka Ki Ahmad.
“Kunaon,
Pa?” Jawab Ki Ahmad.
“Kunaoan Sia
teu dahar ieu?”
“Areungap,
Pa.”
“Heueuh,
lapar ayeuna mah meureun.”
“Simpen wé
di saung, Pa.”
“Heueuh,
geura dahar. Ieu bapa rék balik yeuh.” Mulih deui Pa Karman.
Dur lohor,
solat lohor. Dur asar, netepan asar. Éta Pa Karman mah dongkap deui ngateuran.
Sangu nu isuk aya kénéh. Ahirna ambek, éta Pa Karman.
“Babi, ieu
budak ngagawékeun aing yeuh. Apa dikira deukeut, uing bulak balik ciga nu gélo
nganteuran.”
“Mad, Sia
kadieu Mad. Modar Sia ku aing” Pa Karman Ngagorowok, ngambek.
“Aya naon,
Pa?”
“Beunguet
Sia. Sia ulah ngagawékeun ka aing. Ieu aing siga nu goblok, mundar-mandir.
Wadang mawa nu haneut, wadang haneut. Ieu téh jauh, ieu téh. Hayoh geura dahar
Sia téh. Gelepok Sia ku aing.”
“Areungap,
Juragan.”
“Mang enya
areungap ti kamari? Sia téh ngahakan naon euy?”
“Sumuhun
keun wé Pa.”
“Awas Sia
lamun teu nyatu. Sia ku aing dibabuk hulu Sia.”
Ki Ahmad
tetep dur magrib, netepan magrib. Dur isya dugi ka lebah netepan isya. Bérés
netepan isya, nyekelan kitab wé Ki Ahmad téh. Barang dugi ka waktu subuh éta Ki
Ahmad netepan subuh. Barang bérés netepan subuh, eh macul deui wéh. Sangu teu
leungit saréméh-réméh acan. Barang datang ka jam sabelas deui énjing, Bapa
Karman nganteuran deui éta ka saung. Ya Allah, sangu aya kénéh.
“Mad, eureun
Sia Mad. Modar Sia ku aing.”
“Aya naon,
Pa?”
“Ieu kunaon
Sia teu dahar deui waé? Ieu bisi geuring Sia téh, ké juragan ka aing
nyalahakeunnana. Pajarkeun ku aing teu dianteuran. Sia téh ulah ngahésékeun euy
jadi kawas budak, Sia téh nurub cupu kana kopéah Sia. Nurub cupu Silaing téh
pantes kitu mah euy. Coba aing téh, gidig... gidig... gidig ka sawah mawa nu haneut,
balik mawa wadah. Kawad nu goblog aing téh? Béjakeun siah ku aing ka pa haji.
Hayoh geura dahar.”
“Sumuhun,
Pa.”
“Ulah
sumuhun-sumuhun Sia téh.”
Ringkes
riwayat ieu Ki Ahmad. Kirang langkung tujuh dinten tujuh wengi, ieu Ki Ahmad
teu kalebetan sangu. Jadi, nu ahirna ieu téh Pa Karman ngayakeun laporan ka pa
haji, Juragan Hasan, nu kagungan kakayaan kalayan seueur.
Barang
dongkap Bapa Karman ka Pa Haji teras uluk salam.
“Assalamu’alaikum”
“Wa’alaikumsalam.
Aya naon, Mang?”
“Waduh
pusing, Pa. Geus budak mening geubugan waé tah, si Beureum téh lah, Pa.”
“Naon ta
téh?”
“Waduh
pusing tah Si Ahmad téh euy. Nagnteuran abdi geus tujuh poé, tujuh peuting hadé
rupana, Pa. Ceuk nu bohong téa mah. Sama sakali teu dahar, ieu budak téh. Geus
abdi mah wakca balaka, blak-blakan. Bisi aya kumaha onam, ieu budak teu
daékeun dahar. Goblok éta budak téh goblok. Apa teunggelan apa eureunkuen?”
“Ké, ké, ké.
Kumaha gawéna, Mang?” Ceuk Pa Haji.
“Gawéna mah
cocok, Pa.”
“Ish ari
cocok digawéna mah, pendapat bapa lain si Ahmad nu goblok, Sia nu goblog.”
“Waduh, abdi
goblog naon, Pa?”
“Sia nu
goblog, ku Sia dianteuran éta si Ahmad. Ari prak ku si Ahmad, teu didahar. Ku
naon ku Sia dianteuran deui. Sia nu goblog. Pan nyaho ku si Ahmad teu di dahar,
pék ku Sia dianteuran deui. Lain Sia nu goblok?”
“Waduh ieu
Si Beureum jadi meulit ka aing yeuh. Teu ngeunah déwék nu dicarékan euy.” Pikir
Pa Karman.
“Ayeuna mah
kieu, Mang. Nu penting ku Sia tanya. Beuting mah jalma téh aya kahayangna. Boa
teuing daharna téh bubur. Hah? Boa mah teu ngadahar sangu. Sugan biasana roti.
Jelema téh rupa-rupa. Ulah nyebut goblog ka Si Ahmad. Sia nu eugeueg uy. Tah
isukan mah, penting ku Sia tanya, hayang naon éta si Ahmad.”
Pa Karman
beureum beungetna. Ngarasa ka Pa Haji, manéhna nu salah. Ku lantaran malum adat
jawara sapeuting éta Karman ngasah golok.
“Babad
ceulina ku aing. Babi téh. Aing nya capé, nya nu dicarékan.”
Barang
isuk-isuk Pa Karman geus berangkat ka sawah. Golok geus teu disarangkaan. Éta
ngageugeuro Ki Ahmad geus lain ku sungut, lain ku naon. Ku Pamalédog.
Bletak. Nyileuk Ki Ahmad.
“Kadieu Sia,
Kunyuk.”
Ceuk Ahmad
na pikirna, “Waduh, ieu ngambek yeuh.” Tapi tenang wé Ki Ahmad mah.
“Aya naon,
Pa?”
“Kadieu Sia.
Rampung ceuli Sia ku aing.” Galak. “Kadieu ngadéngklak na galengan yeuh.”
Ngadéngklak
tah Ki Ahmad.
“Mad, ieu
ka handap jero ka gawir itu tuh. Lamun Sia teu ngajawab, ku aing babétkeun ka
lebak waé. Sia téh mani teu dahar tujuh poé. Sia téh hayang naon, Sia téh? Aing
nu dicarékanna ku juragan. Aing penting ayeuna téh, husus rék nanya sia hayang
naon?”
“Teu hayang
naon-naon, Pa?”
“Ih, ih Sia
téh jawab.” Pa Karma gemes. Téké. Pletak.
“Jawab, Sia
téh jawab! Mun hayang lauk, lauk naon Sia téh?”
“Aya ari
kahayang mah, Pa.”
“Hayang naon
Sia téh? Ulah nu ngeunah teuing wé.”
“Hayang éta
wé Juragan. Hayang lauk emas indungna.”
“La ilahailallah. Euh.” Pletak deui di téké.
“Modar,
Siah. Aing geus dua puluh taun tara hayang lauk emas. Tara ngabangkit.
Tangkurak Sia kakarak kamari. Ih goblog bener. Kalah ka garing sungut Sia, moal
dirupakeun ku aing. Aya kénéh kahayang?”
“Aya.”
“Naon deui?”
“Atuh mun
aya mah Jurangan, wayahna wé jeung goréng-goréng hayam.”
“La ilahailallah. Waduh ménak rawa ieu
budak téh. Ih Sia téh teu ngukur manéh. Ngaran hirup ukur macul hayang lauk
hayam sagala. Aya kénéh kahayang?”
“Aya.”
“I ih. Aya
kénéh baé. Naon deui?”
“Kieu
Juragan, punten baé lamun geus aya pais lauk emas jeung goréng hayam, ulah
Juragan nu nganteurannana.”
“I ih.
Hayang ku saha Sia téh?”
“Abdi hayang
dianteuran ku Ratna Mintarsih.”
“La ilahailallah.” Éta harita kénéh
diragragkeun ka lebak. Dibeubeus-beubeuskeun kana leutak.
“Modar Sia
ku aing. Ratna Mintarsih, kaburuan gé tara. Ka sakola gé dianteurkan ku mobil.
Ménak nu mana dararatang, euweuh nu ditarima. Sudagar nu man? Tangkurak Sia rék
dibelengseukkeun, Sétan.”
Eh, Ki Ahmad
tenang wé. Sanajah awak pinuh ku leutak.
“Tah ayeuna,
Sia, dibéjakeun Sia ka Pa Haji. Sia téh saolah-olah menghina. Ratna Mintarsih, gidig ringgit, léngkah pérak. Keupatna meni sing karetip. Dihina ku Sia dititah
sina ka sawah. Ku aing béjakeun, moal teu dipaéhan Sia.”
Pa Karman
mulih gancang laporan ka Pa Haji. Ari Ki Ahmad mah sibeungeut wé dina pancuran.
Éta manahna gumujeng baé. Gumujeng wé Ki ahmad mah. Tetep wé iman ka Allah,
kumaha Allah wé nu ngatur hirup mah, nu penting tetep ngawula kana paréntah
Allah. Bati ku Allah diatur hirup manusia téh. Sanajan dihina-hina teu bisa
hina, lamun teu dihinakeun mah ku Allah. Layadillu mawalait, wala yaizuman
adait.
Pa Karman
datang ka Pa Haji. “Assalamu’alaikum.”
“Kunaon Sia
Man, meni barelok?”
“Waduh, Juragan.
Eungap didéngékeun nana yeuh. Mening paéhan wé geus si Ahmad yeuh.”
“I ih,
Kunaon?”
“Waduh,
rusak didéngékeun nana. Aduh. Ieu budak kessel ngahina.”
“Ngahina
kumaha, Karman?”
“Kahayangna
riweuh, Pa. Pertama ku abdi ditaros, ari pokna hayang pais emas indungna nu
bangsa opat atawa lima kilo. Bayangkeun wé ku Juragan. Pan beleugug éta budak?
Goblog. Geus abdi mah kumaha Juragan. Apa gebugan? “
“I ih.” Ceuk
Pa Haji, “Jang, teu kudu digebugan, teu kudu diteunggeulan ari jalema boga
kahayang iyeuh. Alakadar hayang lauk emas. Gawéna ogé teu cukup ku pagawéana
nana. Ayeuna Silaing teu kudu bingung-bingung. Éta mah jalema hayang iyeuh.
Alakadar ku lauk emas hiji, pangalakeun wé ku manéh.”
“Waduh, boa
garélo kabéh ieu jelema téh yeu euy.” Pikirna Karman.
“Jeung
goréng hayam deuih, Juragan.”
“Alah, néwak
wé hiji mah.”
“Wah, teu
bérés ieu mah.” Pikir Karman deui.
“Gan, ari
urusan pais lauk emas jeung goréng hayam kuring teu bingung. Tapi ieu nu sarupa
deui meni asa murag jajantung. Ieu budak ngahina, Gan. Si Enéng Ratna
Mintarsih, ka celuk ku awun-awun, ka koncara ka janapria. Juragan téh kagungan
putra hiji-hijina. Eundeur sadadayeuh, onar sajajagat. Pan nu narosan gé seueur
lain, sanés pirang-pirang Saudagar? Ménak, pirang-pirang ménak. Sakola gé
dijajapkeun ku mobil. Boro-boro ka buruan gé tara. Ieu ku si Beureum titah ka
sawah yeuh. Coba pikiran ku Juragan. Mening paéhan? Mening teunggeulan?”
Ieu Pa haji,
rep sidep, rep sidep ku tunggal ngémutan haténa teu raos. Beureum pameunteuna.
Mun cara dina wayang mah marah atawa ngambek. Majar meneng-meneg larayah tinira, Majar meneng-meneg larayah tinira.
Satria tandang betara. (Nonenang).
Ngambek Pa
Haji téh, “Kurang ajar jelas ieu budak téh ngahina ieu mun kieu jalanna. Tapi
sanajan kitu Mang, ieu téh hiji amanat. Saolah-olah ieu téh amanat, nitah
dibéjakeun meureun ka Ranta Mintarsih. Sedengkeun amanat téh beurat hukumna.
Tah, ayeuna mah kieu wé Man. Aing gé teu ngeunah yeuh. Béjakeun wé ayeuna mah
ka Ratna Mintarsih. Éta mah terserah kumaha Ratna Mintarsih. Lamun ceuk Ratna
Mintarsih teunggeulan, teunggeulan. Paéhan, paéhan. Aing nu rék tanggung
jawab.”
“Wah, bener
Gan. Moal teu ngamuk si Enéng.” Ceuk Karman.
“Hayoh
béjakeun.”
Nu geulis
téh sumping ti sakola kaleresan pisan. Nu geulis lungsur tina mobil. Gidig
ringgit, ngaléngkah pérak. Ngagandeuang kepatna, meni siga tingkaretit, lucu
kabina-bina. Teras lebet ka kamar.
Ceuk Karman,
“Haduh, mangkaning ku si Beureum titah ka sawah.”
Teras nu
geulis téh dahar, leueut sanés kanteun. Barang bérés dahar, jol Pa Karman
dongkap. Mareuk mareuk lir ka diwong
wiswano pisan. Lawoang.
Ari mareuk
téh ngadeukeutan Karman téh. Teras uluk salam, “Assalamulaikum.”
“Wa’alaikum
salam. Deudeuh teuing Mamang, aya naon teu sisinarieun?”
“Aduh Néng,
mamang téh bakal meuncit deui jalema yeuh.”
“É, éh. Mang
ari payunen enéng mah ulah sambarangan nyarios. Ari jalmi mah ulah disamikeun
jeung sato. Deudeuh teuing si Mamang mah, ieu aing teu deungen rasa gagah
sorangan. Ulah sok kitu di payunen enéng mah geuleuh, Mamang.”
“Pan bangun
karunyaeun amat.” Na haté, ceuk Pa Karman.
“Kieu Enéng, nu kuli anyar téa téh pan aya nu sok nganggo kopéah beureum. Tah ieu budak
belegug yeuh. Terang Enéng ka sok dikopéah beureum?”
“Oh, Mang
Ahmad panginteun Emang.”
“Heueuh,
bener éta. Belegug tah budak téh.”
Ceuk Ratna
Mintarsih, “Emang ari Enéng mah teu nguping kana belegug nepi kana colodod kitu
mah. Nguping ti barudak ogé kieu, cenah mantak pihawatireun. Mang Ahmad téh tos
teu tuang tujuh dinten. Cing atuh mang pang uruskeun daharna, ulah sok ngarah
tanagana wungkul ka jalmi téh. Katuanganna rapihkeun, sing berés.”
“Haduh, pan
meni bangun karunyaaeunna.” Pikir Karman.
“Néng, ku
Mamang téh dianteuran, tara didahar. Tah goblog éta budak téh.”
“Goblog
kumaha?”
“Hoyong pais
lauk emas Néng. Pan belegug? Pan Mamang gé tara ménta lauk emas, na éta budak
téh wani-wani teuing.”
“Ya Allah,
Emang. Pan ari barang béré mah kudu kanu hoyongeun. Cing taroskeun wé ka ulama
mana waé gé. Jeung urang téh ka celup ka awun-awun. Kaocncara ka janapria. Punbapa
téh beunghar. Seueur kakayaanna, wajar wé masihan lauk emas kanu damel, Mang.
Sawios sanaos mamah teu masihkeun gé, da Enéng gé gaduh, tuh aya kulah 30 deui.
Cig geura ala.”
“Waduh,
garélo kabéh.” Ceuk Karman na haté.
“Jeung
goréng hayam Enéng deui.”
“Alah si kabiri
itu aya 20 deui, Mang.”
Karman
meulit haténa bingung. Sentimen datang. Sirik.
“Néng,
urusan lauk emas jeung goréng hayam, Mamang teu bingung. Ieu nu sarupa deui,
Mamang asa ragrag jajantung. Ibu rama Enéng gé ayeuna geus teu raraos pisan.
Ieu budak téh ngahina. Néng téh ka celuk ku awun-awun, bintangna parawan di
karesidenan ieu. Ménak nu mana Néng uninga. Teu aya nu ditampi. Ulah-ulah ka
sawah, ka buruan gé tara. Tah Mamang téh nyerina téh geulis, ieu si Beureum, si
Ahmad nitah nganteuran ka Enéng. Sakitu Mamang. Naha paéhan? Naha teunggeulan?
Mamang nunggu paréntah ti Enéng. Mamang ka celuk ka awun-awun, Mamang ka koncara
ka janapria tukang bobok tukang tarok. Weduk paru, Cigondewah, Cikengkengan,
séra, Cimane, tanjakan brajamusti, tajimalela, betarakarang, élmu banyu
pancasona, betarasangsang, sapu angin, sapu injuk, sapu paré, sapu naon gé aya
di Mamang.”
Éta Ratna
Mintarsih téh ngeclak cipanon. Ceuk nu geulis, “Mamang ulah hianat, ari manusia
mah ulah sok dihianat kitu. Diteunggelan ulah Emang. Dipaéhan mah sumawonna.
Deudeuh teuing, mangkaning Enéng boro-boro ka sawah, Mamang, ka buruan gé teu
acan Néng mah. Mang, sanajan bari jeung kitu koma dipaéhan atawa diteunggeulan.
Sanajan Enéng tara ka sawah, Mamang, silang kitu gé teu naon-naon. Enéng daék
nganteuran ka sawah.”
Ceuk nu
geulis, “Deudeuh teuing, emang. Néng teu
Ngadangu
kitu, éta si Karman ngagolér teu éling-éling. Pingsan.
Masya Allah,
daékeun nu geulis.
“Mang, geura
ala laukna. Jalana tuh di pipir leuit. Koloyor wé si Karman. Beureum celina.
Ngomong henteu, naon henteu. Ambek. Éta jala direrejét. Ngahaja
didobol-dobolkeun. Atuh ngajabrugan lauk ku jala dobol, mana bisa beunang. Bari
ngorowéco wé ngomong.
“Hayoh lauk
sing jalalingeur. Sia bisi dilebok kuntul beureum. Bangsat ieu budak, jadi déwék
nu capé yeuh.”
Lauk geus
katéwak dileupaskeun deui. Malum kulahna leutik, mabok lauk. Jol nu geulis.
“Mang geura
hanjat. Kolot kapoé. Piraku ieu lauk meni ranghap capa cipi teu puguh. Ieu geus
beunang ku enéng yeuh.”
“Kurang
ajar, ieu lauk meni lalindeuk deuih.” Jéro haté Karman.
“Hayoh,
geura téwak hayam.”
Bapa Karman
néwak hayam, lain ditéwak dibalédogan ku manéhan nana kena ka jauh. Éta hayam
mani sing balakatak, lalumpatan anu nyusup, nu lumpat ka kolong.
“Hayoh hayam
bising dilébok careuh beureum siah.”
Ahirna éta
hayam nyusup Pa Karman laporan.
“Enéng teu
beunang hayamna.”
“Alah
piraku?”
Dasar aya
pitulung wé ti allah, hakékatna. Aya barudak leutik ngadu hayam, nénjo hayamna
Ratna Mintarsih laju ditéwak.
“Barudak
urang anteurkeun yu. Sok bageur masihan artos.”
Dialanteurkeun.
“Punten.”
“Mangga. Aya
naon Ujang?”
“Ieu tadi
hayam aya nu ngudag-ngudag, Ceu. Ku abdi ditéwak. Bilih diperyogikeun, ieu téh
badé dipotong atawa diical.”
“Ya Allah Kasep, deudeuh teuing. Nuju dipilari ku ceuceu. Da ningan éléh ku budak, ieu
mah jelema kolot kapoé yeuh.”
Éta Pa
Karman kesel. Ambekna, nyangkin gedé ku sewot ka éta budak.
“Meunang
aing nguber-nguber titah jauh. Ku tangkurak Sia kalah dibawa ka dieu. Bolor Sia,
goblok.” Ngancam Pa Karman, “Liwat ka imah aing, rejét suku Sia.”
Ngadangu
kitu, éta budak sing garebeg lumpat.
Tuluy éta
hayam téh dipeuncit. Lauk emasna dipais, maké mantéga, sanés kanten tomat. Ieu
daunna meni lima palapah, teu cukup. Ieu sebab lauk nu ukurna lima kilo. Ari
hayamna digoréng. Luk emasna dipais. Meni meleding seungit, pohara amat
kaolahan éta seungitna. Tinggal si Karman di pipir dapur, ingsrek-ingsrek.
Masya Allah, ari nyangu nu pang bodas-bodasna béas. Ari wadahna ieu sangu dina
sangku anu nékel, nu weuteuh. Can pernah dipaké.
“Ya Allah, Néng.
Biasana ka sawah mah maké boboko nu euweuh sokoan Néng.” Ceuk Karman.
“Ih embung
Mang. Sapirakuna Enéng téh, jalmi modél kieu kudu mawa boboko nu euweuh
sokoan.”
Ari
buntelanana satén bodas nu menang ngabordél.
“Waduh, haté
urang kiamat ari kieu-kieu teuing mah.” Ceuk Karman na haténa.
Éta nu
geulis téh teras dangdos. Aneh teuing, éta sinjang di mana ka kota gé tara
dianggé, na ari rék nganteuran ka sawah dianggé. Sinjang réréng nu pangsaéna ku
nu geulis dianggé. Acuk ogé nu pangsaéna, kudungan sutra bodas mani ngarumpai
kana mumuncangan. Allah Karim, nyanyandak sangu, nyanyandak lauk emas jeung goréng
hayam. Deudeh teuing. Berangkat meni ngagenclang, turun unggah na galengan. Tatanggana
béngbréng. Aneh ieu nu geulis daék ka sawah. Si Karman édan di rorogan tonggoh,
ku hawa ambek ninggali nu geulis nganteuran. Tungtungna meupeus keyang, kebon
cau béak, rejét. Kebon kacang dileyek. Pager dilendeh. Pohara Karman ngamukna
di tonggoh.
Tah nu
geulis téh gancang leumpang. Jol ka saung. Barang datang ka saung Ki ahmad keur
macul di tengah-tengah kotakan.
“Assalamu’alaikum.”
Teu némbalan
wé Ki Ahmad, keukeuh wé macul.
“Mang, liren
heula. Pais lauk emas tos dongkap, Mang. Éta Ki Ahmad tahan harga. Némbalan
henteu, nyileuk henteu.
“Mang liren
heula.”
Sama sakali.
Éta si Karman ambek ti tonggoh. “Setan, némbalan Sia téh, Babi. Na Sia téh
kabina-bina teuing, némbalan Sia téh goblog.
Ki Ahmad
ongkoh-ongkoh. Éta Karman, henegna nu geulis beuki deukuet baé. Éta
nu geulis téh teras wé ka galengan.
“Mang, liren
heula. Ieu lauk hayam jeung pais lauk emas dongkap, Mang. Goréng hayam jeung
pais lauk emas parantos dongkap, ieu Enéng nu nganteurannana.”
Najis, teu
nyileuk, teu nembalan. Éta Karman meni moréngkél-moréngkél baé wé ti
tonggoh. ”Setan, setan.” Geus euweuh soraan.
“La
ilahaillah. Goblog Sia ogoan, jadi kitu. Némbalan Sia téh Mad.
Éta nu
geulis téh mundar-mandir na galengan. Deudeuh teuing. Aya sugan tilu meter mah.
“Mang, Mang
liren heula.”
Ih najis.
Éta nu
geulis téh nyuruk kana waktu ninggang kana mangsa. Aya anéh, ari réngkénék
nyingsatkeun sinjang, turun ka sawah.
Éta si Karman
hawa teu téga di tonggoh, ragrag ka belah ditu. Ngolénceng téh, borobot ka
handap, Karman ragrag. Ku hawa kaget cicing di gawir. Hawa ngabek nenjo nu
geulis turun.
Sampeurkeun
ku nugeulis Ki Ahmad téh. Ari disampeurkeun téh peureum. Kitu Ki Ahmad mah.
“Mang, hapunten Enéng ngagandéngkeun ka Emang néwo-néwo, ngariweuhkeun. Sihoréng
Mamang mah nuju ka pengpeureuman.”
Padahal
henteu.
“Mamang
sibeungeut yu di ditu. Da aya cai, aya kulah. Ku Enéng dijajapkeun Mang, bilih
teu ninggali. Ngan ieu sulampé cepeng Mang. Yu, enéng ngajajpkeun.” Na
ditungtung ku nu geulis maké sulampé.
Si Karman
hanjat deui, meni geus pinuh ku leutak awakna. Ranjat deui ka tonggoh. Barang
ka tonggoh ninggali Ahmad keur ditungtun, éh leuleus, ragrag deui waé.
Éta si Karman,
Gusti meni gogoloncéngan.
Barang geus bérés
sibeunget. Dibawa ka saung tah éta Ki Ahmad. Éta datang ka saung anéprok wé. Sugan
ngarérét kana kageulisan nu geulis. Najis, kana sinjang na gé teu ngarérét.
Tungkul baé.
“Mang. Hayu
gera dahar Mang.”
Si Karman
ngorondang kana pabinihan. “Babi téh yeuh hah.” Ngadapang wé di tonggoh,
ngintip.
“Geura
dahar, Mang. Tah nu ieu lauk emas, tah nu ieu goréng hayam.”
Pokna téh, “Enéng,
katarima dunya ahérat. Anjeuna mah geulis, teu gumeulis. Beunghar, teu
beubeunghareun. Mamang nu sakieu teu gaduhna, saolah-olah Mamang téh hiji fakir
miskin. Ku hoyong kana lauk emas jeung goréng hayam. Ku lantaran manéh mah
cukup ku didikan agama. Nepi ka daék nganteuran ka Mamang. Lauk emas aya, goréng
hayam aya. Nuhun geulis, katarima ku Mamang dunya ahérat. Ngan, aya kénéh ka
hoyong mamang, Neng.”
“Hoyong,
naon deui Mang?”
“Kieu
geulis, ari mamang mah tara biasa dahar sosorangannan, mamang hoyong diréncangan.”
La
ilahaillah. Si Karman mebes deui baé huluna.
Ceuk nu
geulis, “Teu naon-naon Mamang. Da Enéng gé can tuang iyeuh.”
Ngusruk deui
si Karman kana corowokan.
Éta barang
disarengan ku nu geulis, kakarak ki Ahmad daékkeun ngahuap sangu sahuap, goréng
hayam saciwit, jeung lauk emas saciwit. Aya aneh, laju kokob deui wé.
Pokna, “Punten
wé Enéng cekap wé Mamang mah.” Koloyor deui wé mawa pacul. Na Masya Allah, éta
nu geulis nepi ka ragrag ngahuapkeun sangu. Kakarak manggih lalaki nu modél
kieu.
“Aya wartos
teu dahar tujuh dinten. Aduh Gusti. Ieu aing olah sakieu raosna, hidangan nu
sakieu poharana. Ngan ukur diraosan wé Gusti. Ieu jalma téh lain ku sabab
hayang lauk emas, lauk hayam. Na, ieu jalma nu modél kieu mah Gusti, lain jalma
déét-déét pangartosna.” Ratna Mintarsih ngucur cipanon, bari bebenah
ngabangingik, nangis, teras mulih. Saléngkah dua léngkah, nyileuk ka ki Ahmad. Saléngkah
dua léngkah, nyileuk.
Ceuk Karman,
“Wah jadi sarua jeung awéwéna.”
Tah ieu
riwayat Ki Ahmad nuju ngalalakon di sawah. Anu ahirna kumaha Ratna Mintarsih?
Tiap énjing teu tiasa diwagel ku ibu ramana tetep ngalaan lauk baé. Si Karman
meni geus guruh awakna.
“Wah béak
lauk téh ku séro. Ieu hayam béak ku careuh beureum kieu jalanna yeuh.”
Tah nu
geulis téh tiap énjing nganteuran. Barang katilu kalina nganteuran ieu Ki Ahmad
nyumput di hiji dungus cau, ruyuk cau.
No comments:
Post a Comment